Pajajaran kiwari, Galuh kiwari nyatana nu ajeg
kana papagon nu geus natrat dituturusan tina pitutur sepuh yen nangtungkeun
kawibawaan nu sajati lain ngan ukur dina reka catur tapi panceg na tatapakan nu
jauh tina kacingcirihi, lugayna rundayan dibarengan hate wening jeung pikir nu
lantip kalayan didadasaran ku kaiklasan. Tos kantenan dina tekad, ucap, lampah
luyu sareng Al Qur’an diwuwuh Hadits.
Ari hirupna manusa nya dihirupkeun ku anu ngahirupkeunana.
Ngudag
hirup jeung hurip nya eta ngalalakonna urang di marcapada.
Nu
digelarkeun kalawan takdir ti Nu Murbeng Alam.
Ayana
urang karana aya nu ngersakeunana nu mibanda kasampuluran katresna ka nu
diciptakeunana.
Sampurnaning
hirup manusa didadasaran ku kayakinan jeung yakinna anu bener dina yakinna.
Kalimah
Syahadat unina, anu jadi saksi pikeun yakinna manusa ka nu nyiptakeunana
sakabehna tur ka Rosul-Na.
Muru hambalan tingkatan makom nu disorang kalawan daria jeung
kayakinan anu yakin ayana.
Tangtu haremeng arinyana, nyukcruk galur sepuh ,neangan baraya
Baraya nu pasiuh disapih ku jaman, jaman silem diganti
ku jaman nyata
Nyata nu nyaluprih ngaler ngidul ngulon ngetan disaba
ka saban madhab
Katimu tina dongeng , tina pantun, tina watu, siga
nu keuna kana uga
Uga kula nyanding di mana saestuna ? loba nu beunta
tapi lolong
Naha lolong? Teu rek kitu kumaha arandika miangna
tanpa lulugu
Lulugu batin dikamanakeun? Kalah seah kalah eprak
ahirna rumahuh
Sasakala teu narembongan da rujit ku nu nyaluprih
teu keuna kana tutumpakan
Sapta pangandika ngaberung dibarung murukusunu
Loba pantangan nu dirumpak, pamali teu diaji, ngoah
tandana adigung adiguna
Prak geura pake na nyarungsum sepuh , neangan
baraya
Dipayungan hate wening, ngisat diri nirakatan
nagari
Ulah lunca ti temah wadi ari hayang ngajadi
katurunan wawangian
Nya Siliwangi tea.
Tangtu moal patimu, ngaguar sajarah Sunda
ngagunakeun tina jihat spiritual jeung kaelmuan, hese nyurupkeunana, ari marga
lantaran titik panginditanana beda, saestuna diperlukeun nu lantip kalawan
taliti malah mandar nu kakoreh, sanajan saeutik narembonganana sing nyiki
ngaruntuy nu sanyatana, teu didingdingkelir ambeh rundayan surti salangsurupna
naon nu geus ditaratas ku karuhun, dina harti bisa dipake cecekelan pikeun
menyatkeun ieu nagari anu teu patojaiah reujeung aturan Alloh anu geus
diwawadian dina panuntun hirup manusa nyatana Al Qur’an reujeung Haditsna.
Nyuprih seja nyukcruk galur nu kapungkur
mapay raratan carita nu baheula, lamun na lumaku teu make hate nu wening,
meunang nu aya pasalia, ka dieunakeun beuki mumbul ngajauhan lir nu dpisirik ku
somah jauh ti baraya, nu diagul-agul karadenan ngajadikeun karadian kasered ku
hate nu pinuh ku werejit, geura rarujit, rujit da arandika hayangna
dieuleuhgoeng, jauh nyumponan kabarayaan, da cenah eta arandika ngarasa menak
legok, legok na harti museur na uleukan. Cenahna urang teh ngocor na kokocoran
kamenakan, padahal nu saestuna mun bener aya na alur rundayan, diyana teu weleh
depe-depe, handap asor ka sasama, da era ku nu nyiptakeun, jauh tina
adigung-adiguna, nu pasti arinyana nyusud tur nyaliksik pikeun neangan
rundayan, mawa hate nu salawasna rehan kula teu daya teu upaya, geura
talingakeun tur guar na geus luyu jeung terahna.
Jeung
sabenerna dina patula-patali nyuprih diri, ngaji hirup jeung huripna tina
tengah panca buana, rumanggeum kana sumebarna cahaya nu nyaangan ieu alam
marcapada. Ari hirup diwates ku tilu mangsa, mangsa bareto, mangsa ayeuna,
jeung mangsa nu bakal datang.
Heee urang Pasundan hayu urang udag kahirupan
bari mawa pedang kaiklasan , nyiku kana ngaco, ngaca, jeung ngaci. Bral geura
tarandang menerkeun bebeneran, di mana geus ngalenyepan tina basa ngaci sangkan
hirup ngaji kana diri, eta pisan nu dipikahayang rundayan kabeh. Sapasundan
nangtung mawa bebeneran hirup na saujratna, ngalem lamun memang alemeun,
menerkeun lamun aya benerkeuneunana, tong diembohan ngalem hayang dibales ku
pamerena, menerkeun ngece kana pagaweanana, pan ajen pinajen urang Sunda teh “SILIH ASAH,
SILIH
ASIH, SILIH ASUH”.
Upama
nitenan, riweuh jeung pusing, ulah gedag
kaanginan anggur geura dituyun hate aranjeun kabeh, tur kudu tumarima, hakekatna
ka Alloh, kana tali ari-ari bali geusan ngajadi. Lempengkeun paniatan kalayan
urang meredih ka Alloh Nu Murbeng Alam, depe-depe ngadagoan nur alannnuri sawer
rahayu. sangkan panggih jeung bujal kawawangian, dangiang muncul ti tatar jeung tutur kidung
karahayuan.
Mangka
geuwat arucapkeun jangji na diri sewang-sewangan pikeun nangtung golah cai,
ngolah nagari, inditna tina jero hate, ulah moro hayang tapi kudu muru
kakuduan, tah eta pisan dasarna Ki Sunda.
Loba catur nu geus kasuprih patulayah
na wujud wanda tulisan, tinggal ku disiar, dilenyepan sarta aranjeun geura bral
dipigawean hamo ulah kaleked komo bari jeung ngahuleng jentul, ngalengkahkeun
suku katuhu pikeun neruskeun lalampahan sangkan ngahontal gemah ripah loh
jinawi ieu nagari. Kade kudu apal jeung wawates budaya nu aya na jero hate,
ulah nyangkalak ngagero-gero, siga enya nu nyuprih, padahal kabalinger tur
katalimbeng lir jelema teu apal ka pamulangan.
Na reureuh wanci pecat sawed, na lugay karek satengahing perjalanan nu disusud, tah di dinya aranjeun kabeh, geuwat nangtung bari arajeg, ajeg na renghap pinuh ku kaagungan nu mere hirup.
Neuleuman pitutur sepuh boh
tina lisan boh tina tulisan, singhoreng karuhun urang Sunda teh gening sakitu jembar tur luhung, enggoning
ngokolakeun nagari jeung rahayatna. Namung atuh
ka marana rundayanana??? Bet kiwari Sunda teh leungiteun dangiang, ilang wibawa komara
keur makihikeun ieu nagari, malih aya nu nyebatkeun ngan saukur idealis, upami
aya di antara urang nu gaduh emutan “ Iraha urang Sunda janten presiden?”. Punteeen…sanes bade ngagugulukeun kaseleran,
da tos kantenan kiwari mah Indonesia teh NKRI tea. Nu dicatur dina kereteg,
Sunda teh hoyong majeng…majeng ku dua ku tilu, bawiraos henteu awon-awon teuing ieu kahoyong teh
…manawi eta ge.
Ajen sabilulungan sareng gotong royong kiwari
mah digentos ku individualis, nu diugung-ugung mung kaperyogianana kanggo
ajangna, ieu kasauran para pakar. Saleresna urang Sunda seueur nu ngalartos,
palinter, tur rancage. Tangtos dina widang garapann sewang-sewangan luyu
sareng kamampuh nu nyampak. Namung teu ku hanteu karaosna teh meni liat bade menyat teh, nu aya
pagirang-girang tampian, eh…malih tampianana oge ayeuna mah parantos gaduh
sewang-sewangan ketang…heheheee. Asa nalangsa puguh ge…budaya Sunda
katoler-toler, urang Sunda ngaraos gengsi nyarios ku Basa Sunda, majarkeun teh
kuno, kampungan, henteu intelek, jrrd. Di sagedengeun eta, Karawitan Sunda oge henteu di unggal sakola lebet kana
kurikulum anu cenah KTSP tea, padahal ieu lembaga mangrupi hiji-hijina kanggo
rumawat budaya Sunda nu sipatna resmi.
Rumawat
jeung ngamumule budaya Sunda kaasup ngeunaan
basa Sunda teu kudu nu ngawang-ngawang.
Biasana
urang sok nganggap enteng kana hiji hal nu sigana teu sapira, conto upama di
kulawarga urang Sunda, sekeseler Sunda, cicing di Sunda, di lembur deuih. Naha
atuh basa nu digunakeun dina nyarita sapopoe lain basa Sunda ? Ari nu jadi
alesanana teh ambeh teu ngawagu cenah
make basa Indonesia, lain hartina di dieu rek nyapirakeun basa Indonesia
paralun teuing …, da eta ge sami peryogi dina frame NASIONALISME.
Dina
palebah dieu eta alesan teh teu nyurup lantaran ari lambe manusa mah ELASTIS,
hartina bisa ngawasa sababaraha basa , matak dina kahirupan kumbuh manusa di
masarakat teu saeutik jalma nu bisa nyarita dina sababaraha basa, enya nu
disebut MULTIBAHASAWAN tea.
Ceuk
nurutkeun panalungtikan para ahli, malah nu ngagunakeun basa Indung dina
nyarita sapopoena, prestasi diajar basa Indonesiana leuwih onjoy ti batan anu ngagunakeun basa
Indonesia sapopoena di kulawargana. Ngandung harti basa Indung, nya pikeun
urang Sunda mah basa Sunda tea, teu sing jadi bangbaluh pikeun kamekaran basa
Indonesia, malah loba kauntungan pikeun ngajembaran kosa kata dina basa
Indonesia, lantaran saeutik gedena dina hal
ieu , basa-basa daerah nu nyampak
di nagara Indonesia mere pangaruh kana tingkat kamekaran basa Indonesia. Sarta
ari hirupna hiji basa teh ceuk nurutkeun hasil panalungtikan deui, nya eta ayana PROSES INTERFERENSI di antara
basa-basa anu silih mangaruhan, da teu aya hiji basa anu bener-bener fiur
sorangan. Hal ieu didasarkeun kana sifatning manusa anu dina kahirupanana
henteu leupas tina intervensi manusa lianna ngaliwatan KOMUNIKASI.
Dina
kabengharan kecap-kecap basa Sunda oge, loba kecap-kecap lamun ditalungtik
dumasar ETIMOLOGINA, singhoreng seueur anu tina basa deungeun oge basa dulur.
Hal nu kasebut di luhur tangtu balukar tina ayana proses interferensi tea,
ngajadikeun hiji basa DINAMIS milu jeung robahna PANEKA JAMAN.
So
… ( punten ngaglobal) basa Sunda oge bisa digunakeun pikeun nalungtik
KAILMIAHAN, tangtu pikeun urang SUNDA jeung di SUNDA, oge pikeun
ngawalakayakeun budaya Sunda dina frame “KEARIFAN LOKAL” nu jadi tatapakan
pikeun ngajegkeun IDENTITAS SUNDA boh di tingkat nasional boh di tingkat
Internasional. Hartina urang Sunda GO NASIONAL GO INTERNATIONAL.
Sabage
conto, pan ayeuna “KANG GODI SUWARNA”
tina sajak anu ngagunakeun basa Sunda, tiasa tah ngapung ngawang-ngawang ka
AUSTRALIA kanggo mintonkeun kaparigelanana dina hal kasajakSundaanana. He…he…he… cag !!!
Horeng panyawang teh bet
nyalahan, nyalahan ku dua ku tilu, naha bet kapirengpeunan, nu aya bati hanjelu
lain meumeueusan, kuciwa lain caritakeuneun. Ah munasabah atuh ari hirup jalma
mah lir ibarat gilinding roda, sakapeung di luhur sakapeung di handap, anu
puguh mah kudu waleh ulah dapon, di dinya meureun aya pangajen pikeun
nangtungkeun sikep. Sikep nu mawa katengtreman, boh keur sadirieun boh keur nu
lian.
Nyaan ari elmu mah datangna
geus tangtu ngaliwatan jeung papada kaula deui, jeung ari elmu mah moal enya
beurat mamawa. Elmu nu dicangking geus tangtu bakal ngajembaran pangaweruh,
tina elmu nu dicangking tangtu bakal ngawujudkeun kaparigelan jeung karancagean
nu luyu jeung kamampuhna sewang-sewangan.
BALUWENG
(ku nimas galuh, 2010)
Asa lieur ngabandungan retorika
/catur para gegeden,
nu dipadungdengkeun ngan saukur egona sewang-sewangan.
Ra’yat leutik nu katalangsara jeung katideresa alatan
ku meuweuhna
musibah nu tumiba, tapi teu dipalire, antukna aral nu
pagaliwota.
Kudu ka mana atuh ari geus kieu? minangsaraya kasusah
jeung
kabingung ?
Aya bantuan nu
dipiharep bakal menyatkeun, ngocorna seuseut seuat.
Da puguh katalikung ku ugeran nu cenah kudu tartib
administrasi, ah…
manusa manusa horeng nu dipikiran jeung dibajoangkeun
teh ngan
sawates keur mipindingan kahengjer diri.
Bancang pakewuh durder di mana-mana : caah, banjir,
longsor. gempa,
parasea jeung sasama, wates gaul antara awewe jeung
lalaki geus teu
didingdingkelir, geus puguh korupsi mah mahabu ti nu gede
ka nu leutik
ge teu tinggaleun, naha geus paroho?
Padahal da’wah di unggal madhab tapi teu didarenge
atawa memang
teu kadenge?
Rosulullah ngadawuh nu eces natrat dina Al-Qur’an “
Dina mangsa ahir
jaman bakal loba karuksakan nu dilantarankeun
kasarakahan manusa”.
SASIEUREUN SABEUNYEUREUN
(ku nimasgaluh)
Salah sahiji conto rengkak paripolah hirup kumbuh dina kahirupan
sapopoe nu nyampak di sakuriling bungking kedah aplikatif tina hal naon anu
diparentahkeun anu geus natrat dnai Al-QUR’AN tur HADITSNA, nya eta anu rambat
kamalena jeung HABLUMINNAAS.
“NGADORESAKEUN” , rada kagugu ku ieu istilah teh ! Naon atuh patalina
jeung ungkara anu di luhur ???
Ngadoresakeun, upama ditarik tina konteks ungkara nu sok remen kapireng
atawa kabandungan, ieu kecap teh ngandung harti mere karipuh, mere karudet,
mere kabalangsak alatan ku hiji pagawean anu teu dijieun ku sorangan. Hartina
aya anu nyababkeun ku sababiah tina hiji pagawean anu holna ti nu lian, nu
antukna tina hiji pagawean eta
nimbulkeun atawa ngawujudkeun hiji paripolah sejen nu kaasup henteu hade nya
eta KUTUK GENDENG, SUUDZON, HUMANDEUAR, NGAGEREMET, jeung sajabana, eta hal
kaasup kana panyakit hate lamun
ditarimana tuna kasadrahan.
Sabage illustrasi nu nyampak
dina kahirupan sapopoe, nya eta ngeunaan “MIARA HAYAM”. Miara hayam kaasup
salah sahiji conto karancagean atawa kaparigelan, anu lamun bener-bener dina
ngokolakeunana bakal mawa kauntungan atawa benefit ceuk basa gaulna mah nya boh
keur dirina nya boh keur nu lian.
Miara hayam sangkan teu ngadoresakeun ka batur nu jadi tatangga, tangtu
kudu luyu jeung ajen-ajen kahirupan dina ngawangun hirup kumbuh tea. Upama
urang dina miara atawa ngukut hayam diabur, tinangtu bakal ngabalukarkeun
bangbaluh pikeun nu lian. Hayam bakal marodol di teras batur, lamun kabeneran
teras imah tatangga teh teu make benteng paluhur-luhur kawas di pakotaan.
Ilaharna pan di pakampungan mah ajen sifat kagotongroyonganana masih diparake,
jadi loba keneh terasna anu nalembrak. Lian ti eta lamun ngingu hayam diabur
geus pasti bakal ngaranjah pepelakan batur di buruan imahna, atuh bisa jadi
gehger tah.
Jadi lamun dilenyepan tur diteuleuman, horeng ari ngaji teh lain ngan
saukur nu kawates dina fadhilah atawa anu neoritis ngapung ngawang-ngawang,
tapi jero-jerona Al-Qur’an reujeung Hadits teh pikeun nungtun manusa dina
enggoning kahirupanana anu salawasna ngawangun katengtreman batin boh keur
dirina boh keur nu lian. … Cag !!!
Dina nyuprih teu karana aya nu diseja nu
saukur panghias dunya
Nyamunikeun nu patojaiah komo bari
didadasaran kacingcirihi diri
Mesek wewesen ngalap kaberekahan ayana dina
sumerah diri nu teu daya teu upaya
Ngudag kasajatian sajatining nyukang lakuning
jejem jauh tina kariaan nu dieuleuhkeun
Nyiloka dina ngajen jeung papada kaula bari
mamandapan ka Yang Agung
Teu perlu nembongkeun kapunjulan nyieuhkeun
kapinteran nu kodek
Lantip rintih bari nitenan yen nu dilakonan
asup kana salangsurup pangrasa sakabehna
Pon kitu deui nu dipalar enggoning umajak teu
dibarengan ngajadmen nu lain sakuduna.
Mipir-mipir
kaheman neang asih nu kapegung dina jaman tarate digenggong, sulaya tina
tuturus nu geus diembarkeun, yen isuk baring supagi bakal katohyan saha nu
nyiliwuri dina ngareka-perdaya. Reka perdaya nu patojaiah reujeung kaagungan
Illahiah nu sampurna.
Pek
arandika nyungsi nu bener jeung benerna da Alloh mah moal pahili dina ngajen
mahluk ciptaanana, naha arandika teu nyaho aya pangbalikan nu moal bisa
dinaha-naha?
Ulah
ngadurenyomkeun ieu aing…ieu aing
Di
payuneun Gusti Nu Maha Suci nu geus digelarkeun dina Al QuranNa, teu aya hiji mahluk nu alus iwal
ti anu boga kayakinan nu yakin jeung yakinna ka Nu Maha tunggal nu geus
nyiptakeun alam sakabehna.
Geura
tuh tenjo tingarigelna manusa dina kamonesan dunya anu teu lana, ulah hayang
diugung-ugung nu ngan saukur kumagungan. Nu agung mah anging Nu Maha Agung nu
linuhung dina nyampurnakeun hirupna manusa.
Ulah
rek kabobodo tenjo geura eusian hate ku wening galih nu bakal muka hijab
arandika sakabehna sangkan nyaho kana diri nu sajati, sajati dina nyubadanan
raga jeung jiwana nu moal pareum dina nyuprih jatining diri ka Alloh nu Maha
Wisesa.
( ku nimasgaluh, 20120)