Nyered pakedulan lumantung ka beh kidul
Nyorang sengked tina batu cadas
Muntang kana haur koneng
Heulang ngelik ti pasir astaringga
Lebakeun gunung Sawal anjog kana curug nu
katujuh
Rongheap narik asma kurungan
Ana ngumbah beungeut tiis nyelesep ngudar
reged kakeumeuh
Malipir sisi kowakan muru batu nu lemprah
Diuk sila tutug ngadengkek napsu amarah nu
rongkah
Mata mencrong kana cai curug dibarengan narik
nafas anu jero
Malah mandar datang pituduh sangkan tinemu
indit jeung teu inditna di ieu patempatan
Nu kapanggih layar nutupan kaputren ana
disingkabkeun aya nu nutup deui
Geus kajudi pikeun milampah ka Majapait
nemonan Hayam Wuruk bakal aya kajadian
Tapi teu kabaca naon anu bakal kasorang gemet
ieu jadi rasiah
(Ku nimasgaluh, 2012)