Jumat, 29 Juni 2012


TERBIASKAN



Ternyata di balik kerikil menyimpan sejuta misteri
Yang tak pernah meminta dituangkan ke dalam kelindan waktu
Dan separuh dari keambiguan mengukir warna perjalanan
Yang menancapkan kaki-kaki telanjang
Ditelan gegap gempita keserakahan



Harmoni kehidupan membangun jiwa dan rasa yang saling bertaut
Menorehkan untaian peristiwa dan kejadian
Menerpa perjalanan hidup yang terus bergerak
Mengikuti hukum alam yang telah digariskan oleh Sang Pencipta



Sepenggal waktu menyisakan cerita
Menggagas terkilir indahnya rona pelangi
Seperti menidurkan anak kecil yang rewel diserang kantuk berat
Jauh di dalam samudra tersimpan mutiara
Berproses karena perubahan



Andai jalan itu datar dan lurus
Tak mungkin berliku menaik atau menurun
Andai jurang itu adalah pedataran yang landai
Barangkali penuh dengan gelak dan tawa
Andai samudra itu tanpa palung dan lubuk
Tak ada sisi kegelapan
Memerah darah dalam pendadahan
Merangkum noktah menjelma sebongkah ambisi
Tiada yang digjaya selain Nur Al-Izzati Sang Pencipta alam semestaPananya nguwak-ngawik muka carita
carita dangding hariring lawas
nurih ati ngoetan hate
sampeureun nu surti tur wacis nyaho di mangsa
sugan aya beja ngiberan meuraykeun halimun pepedut
pinuh harepan mawa wawanen
tandang dina dangiang wanda anyar

                                                     (Jatinagara, 2012 by nimasgaluh)


Kamis, 28 Juni 2012

RUMPAKA KAHIRUPAN

        
  

      Pajajaran kiwari, Galuh kiwari nyatana nu ajeg kana papagon nu geus natrat dituturusan tina pitutur sepuh yen nangtungkeun kawibawaan nu sajati lain ngan ukur dina reka catur tapi panceg na tatapakan nu jauh tina kacingcirihi, lugayna rundayan dibarengan hate wening jeung pikir nu lantip kalayan didadasaran ku kaiklasan. Tos kantenan dina tekad, ucap, lampah luyu  sareng Al Qur’an diwuwuh Hadits.
      Ari hirupna manusa nya dihirupkeun ku anu ngahirupkeunana.
Ngudag hirup jeung hurip nya eta ngalalakonna urang di marcapada.
Nu digelarkeun kalawan takdir ti Nu Murbeng Alam.
Ayana urang karana aya nu ngersakeunana nu mibanda kasampuluran katresna ka nu diciptakeunana.
      Sampurnaning hirup manusa didadasaran ku kayakinan jeung yakinna anu bener dina yakinna.
      Kalimah Syahadat unina, anu jadi saksi pikeun yakinna manusa ka nu nyiptakeunana sakabehna tur ka Rosul-Na.
      Muru hambalan tingkatan makom nu disorang kalawan daria jeung kayakinan anu yakin ayana.

      Tangtu haremeng arinyana, nyukcruk galur sepuh ,neangan baraya
Baraya nu pasiuh disapih ku jaman, jaman silem diganti ku jaman nyata
Nyata nu nyaluprih ngaler ngidul ngulon ngetan disaba ka saban madhab
Katimu tina dongeng , tina pantun, tina watu, siga nu keuna kana uga
Uga kula nyanding di mana saestuna ? loba nu beunta tapi lolong
Naha lolong? Teu rek kitu kumaha arandika miangna tanpa lulugu
Lulugu batin dikamanakeun? Kalah seah kalah eprak ahirna rumahuh
Sasakala teu narembongan da rujit ku nu nyaluprih teu keuna kana tutumpakan
Sapta pangandika ngaberung dibarung murukusunu
Loba pantangan nu dirumpak, pamali teu diaji, ngoah tandana adigung adiguna
Prak geura pake na nyarungsum sepuh , neangan baraya
Dipayungan hate wening, ngisat diri nirakatan nagari
Ulah lunca ti temah wadi ari hayang ngajadi katurunan wawangian
Nya Siliwangi tea.
   

  
      Tangtu moal patimu, ngaguar sajarah Sunda ngagunakeun tina jihat spiritual jeung kaelmuan, hese nyurupkeunana, ari marga lantaran titik panginditanana beda, saestuna diperlukeun nu lantip kalawan taliti malah mandar nu kakoreh, sanajan saeutik narembonganana sing nyiki ngaruntuy nu sanyatana, teu didingdingkelir ambeh rundayan surti salangsurupna naon nu geus ditaratas ku karuhun, dina harti bisa dipake cecekelan pikeun menyatkeun ieu nagari anu teu patojaiah reujeung aturan Alloh anu geus diwawadian dina panuntun hirup manusa nyatana Al Qur’an reujeung Haditsna.

       Nyuprih seja nyukcruk galur nu kapungkur mapay raratan carita nu baheula, lamun na lumaku teu make hate nu wening, meunang nu aya pasalia, ka dieunakeun beuki mumbul ngajauhan lir nu dpisirik ku somah jauh ti baraya, nu diagul-agul karadenan ngajadikeun karadian kasered ku hate nu pinuh ku werejit, geura rarujit, rujit da arandika hayangna dieuleuhgoeng, jauh nyumponan kabarayaan, da cenah eta arandika ngarasa menak legok, legok na harti museur na uleukan. Cenahna urang teh ngocor na kokocoran kamenakan, padahal nu saestuna mun bener aya na alur rundayan, diyana teu weleh depe-depe, handap asor ka sasama, da era ku nu nyiptakeun, jauh tina adigung-adiguna, nu pasti arinyana nyusud tur nyaliksik pikeun neangan rundayan, mawa hate nu salawasna rehan kula teu daya teu upaya, geura talingakeun tur guar na geus luyu jeung terahna.
      Jeung sabenerna dina patula-patali nyuprih diri, ngaji hirup jeung huripna tina tengah panca buana, rumanggeum kana sumebarna cahaya nu nyaangan ieu alam marcapada. Ari hirup diwates ku tilu mangsa, mangsa bareto, mangsa ayeuna, jeung mangsa nu bakal datang.
      Heee urang Pasundan hayu urang udag kahirupan bari mawa pedang kaiklasan , nyiku kana ngaco, ngaca, jeung ngaci. Bral geura tarandang menerkeun bebeneran, di mana geus ngalenyepan tina basa ngaci sangkan hirup ngaji kana diri, eta pisan nu dipikahayang rundayan kabeh. Sapasundan nangtung mawa bebeneran hirup na saujratna, ngalem lamun memang alemeun, menerkeun lamun aya benerkeuneunana, tong diembohan ngalem hayang dibales ku pamerena, menerkeun ngece kana pagaweanana, pan ajen pinajen urang Sunda teh “SILIH   ASAH, SILIH
ASIH, SILIH ASUH”.

      Upama nitenan,  riweuh jeung pusing, ulah gedag kaanginan anggur geura dituyun hate aranjeun kabeh, tur kudu tumarima, hakekatna ka Alloh, kana tali ari-ari bali geusan ngajadi. Lempengkeun paniatan kalayan urang meredih ka Alloh Nu Murbeng Alam, depe-depe ngadagoan nur alannnuri sawer rahayu. sangkan panggih jeung bujal kawawangian, dangiang  muncul ti tatar jeung tutur kidung karahayuan.
       Mangka geuwat arucapkeun jangji na diri sewang-sewangan pikeun nangtung golah cai, ngolah nagari, inditna tina jero hate, ulah moro hayang tapi kudu muru kakuduan, tah eta pisan dasarna Ki Sunda.
       Loba catur nu geus kasuprih patulayah na wujud wanda tulisan, tinggal ku disiar, dilenyepan sarta aranjeun geura bral dipigawean hamo ulah kaleked komo bari jeung ngahuleng jentul, ngalengkahkeun suku katuhu pikeun neruskeun lalampahan sangkan ngahontal gemah ripah loh jinawi ieu nagari. Kade kudu apal jeung wawates budaya nu aya na jero hate, ulah nyangkalak ngagero-gero, siga enya nu nyuprih, padahal kabalinger tur katalimbeng lir jelema teu apal ka pamulangan.                 
      Na reureuh wanci pecat sawed, na lugay karek satengahing perjalanan nu disusud, tah di dinya aranjeun kabeh, geuwat nangtung bari arajeg, ajeg na renghap pinuh ku kaagungan nu mere hirup.                     

       Neuleuman pitutur sepuh boh tina lisan boh tina tulisan, singhoreng karuhun urang Sunda teh  gening sakitu jembar tur luhung, enggoning ngokolakeun nagari jeung rahayatna. Namung atuh  ka marana rundayanana??? Bet kiwari Sunda teh leungiteun dangiang, ilang wibawa komara keur makihikeun ieu nagari, malih aya nu nyebatkeun ngan saukur idealis, upami aya di antara urang nu gaduh emutan “ Iraha urang Sunda janten presiden?”.  Punteeen…sanes bade ngagugulukeun kaseleran, da tos kantenan kiwari mah Indonesia teh NKRI tea. Nu dicatur dina kereteg, Sunda teh hoyong majeng…majeng ku dua ku tilu, bawiraos  henteu awon-awon teuing ieu kahoyong teh …manawi eta ge.
 Ajen sabilulungan sareng gotong royong kiwari mah digentos ku individualis, nu diugung-ugung mung kaperyogianana kanggo ajangna, ieu kasauran para pakar. Saleresna urang Sunda seueur nu ngalartos,  palinter, tur rancage. Tangtos dina widang garapann sewang-sewangan luyu sareng kamampuh nu nyampak. Namung teu ku hanteu karaosna teh  meni liat bade menyat teh, nu aya pagirang-girang tampian, eh…malih tampianana oge ayeuna mah parantos gaduh sewang-sewangan ketang…heheheee. Asa nalangsa puguh ge…budaya Sunda katoler-toler, urang Sunda ngaraos gengsi nyarios ku Basa Sunda, majarkeun teh kuno, kampungan, henteu intelek, jrrd. Di sagedengeun eta, Karawitan Sunda  oge henteu di unggal sakola lebet kana kurikulum anu cenah KTSP tea, padahal ieu lembaga mangrupi hiji-hijina kanggo rumawat  budaya Sunda nu sipatna resmi.  
      Rumawat jeung ngamumule budaya Sunda kaasup ngeunaan  basa Sunda teu kudu nu ngawang-ngawang.
Biasana urang sok nganggap enteng kana hiji hal nu sigana teu sapira, conto upama di kulawarga urang Sunda, sekeseler Sunda, cicing di Sunda, di lembur deuih. Naha atuh basa nu digunakeun dina nyarita sapopoe lain basa Sunda ? Ari nu jadi alesanana teh  ambeh teu ngawagu cenah make basa Indonesia, lain hartina di dieu rek nyapirakeun basa Indonesia paralun teuing …, da eta ge sami peryogi dina frame NASIONALISME.
Dina palebah dieu eta alesan teh teu nyurup lantaran ari lambe manusa mah ELASTIS, hartina bisa ngawasa sababaraha basa , matak dina kahirupan kumbuh manusa di masarakat teu saeutik jalma nu bisa nyarita dina sababaraha basa, enya nu disebut MULTIBAHASAWAN tea.
Ceuk nurutkeun panalungtikan para ahli, malah nu ngagunakeun basa Indung dina nyarita sapopoena, prestasi diajar basa Indonesiana  leuwih onjoy ti batan anu ngagunakeun basa Indonesia sapopoena di kulawargana. Ngandung harti basa Indung, nya pikeun urang Sunda mah basa Sunda tea, teu sing jadi bangbaluh pikeun kamekaran basa Indonesia, malah loba kauntungan pikeun ngajembaran kosa kata dina basa Indonesia, lantaran saeutik gedena dina hal  ieu , basa-basa daerah  nu nyampak di nagara Indonesia mere pangaruh kana tingkat kamekaran basa Indonesia. Sarta ari hirupna hiji basa teh ceuk nurutkeun hasil panalungtikan deui,  nya eta ayana PROSES INTERFERENSI di antara basa-basa anu silih mangaruhan, da teu aya hiji basa anu bener-bener fiur sorangan. Hal ieu didasarkeun kana sifatning manusa anu dina kahirupanana henteu leupas tina intervensi manusa lianna ngaliwatan KOMUNIKASI.
Dina kabengharan kecap-kecap basa Sunda oge, loba kecap-kecap lamun ditalungtik dumasar ETIMOLOGINA, singhoreng seueur anu tina basa deungeun oge basa dulur.
Hal nu kasebut di luhur tangtu balukar tina ayana proses interferensi tea, ngajadikeun hiji basa DINAMIS milu jeung robahna PANEKA JAMAN.
So … ( punten ngaglobal) basa Sunda oge bisa digunakeun pikeun nalungtik KAILMIAHAN, tangtu pikeun urang SUNDA jeung di SUNDA, oge pikeun ngawalakayakeun budaya Sunda dina frame “KEARIFAN LOKAL” nu jadi tatapakan pikeun ngajegkeun IDENTITAS SUNDA boh di tingkat nasional boh di tingkat Internasional. Hartina urang Sunda GO NASIONAL GO INTERNATIONAL.
      Sabage conto, pan ayeuna “KANG  GODI SUWARNA” tina sajak anu ngagunakeun basa Sunda, tiasa tah ngapung ngawang-ngawang ka AUSTRALIA kanggo mintonkeun kaparigelanana dina hal kasajakSundaanana.  He…he…he… cag !!!

            Horeng panyawang teh bet nyalahan, nyalahan ku dua ku tilu, naha bet kapirengpeunan, nu aya bati hanjelu lain meumeueusan, kuciwa lain caritakeuneun. Ah munasabah atuh ari hirup jalma mah lir ibarat gilinding roda, sakapeung di luhur sakapeung di handap, anu puguh mah kudu waleh ulah dapon, di dinya meureun aya pangajen pikeun nangtungkeun sikep. Sikep nu mawa katengtreman, boh keur sadirieun boh keur nu lian.
      Nyaan ari elmu mah datangna geus tangtu ngaliwatan jeung papada kaula deui, jeung ari elmu mah moal enya beurat mamawa. Elmu nu dicangking geus tangtu bakal ngajembaran pangaweruh, tina elmu nu dicangking tangtu bakal ngawujudkeun kaparigelan jeung karancagean nu luyu jeung kamampuhna sewang-sewangan.



BALUWENG
 (ku nimas galuh, 2010)


Asa lieur ngabandungan retorika
/catur para gegeden,
nu dipadungdengkeun ngan saukur egona sewang-sewangan.
Ra’yat leutik nu katalangsara jeung katideresa alatan ku meuweuhna
musibah nu tumiba, tapi teu dipalire, antukna aral nu pagaliwota.
Kudu ka mana atuh ari geus kieu? minangsaraya kasusah jeung
kabingung ?  
Aya bantuan nu  dipiharep bakal menyatkeun, ngocorna seuseut seuat.
Da puguh katalikung ku ugeran nu cenah kudu tartib administrasi, ah…
manusa manusa horeng nu dipikiran jeung dibajoangkeun teh ngan
sawates keur mipindingan kahengjer diri.
Bancang pakewuh durder di mana-mana : caah, banjir, longsor. gempa,
parasea jeung sasama, wates gaul antara awewe jeung lalaki geus teu
didingdingkelir, geus puguh korupsi mah mahabu ti nu gede ka nu leutik
ge teu tinggaleun, naha geus paroho?
Padahal da’wah di unggal madhab tapi teu didarenge atawa memang
teu kadenge?
Rosulullah ngadawuh nu eces natrat dina Al-Qur’an “ Dina mangsa ahir
jaman bakal loba karuksakan nu dilantarankeun kasarakahan manusa”.


SASIEUREUN SABEUNYEUREUN
(ku nimasgaluh)
Salah sahiji conto rengkak paripolah hirup kumbuh dina kahirupan sapopoe nu nyampak di sakuriling bungking kedah aplikatif tina hal naon anu diparentahkeun anu geus natrat dnai Al-QUR’AN tur HADITSNA, nya eta anu rambat kamalena jeung HABLUMINNAAS.
“NGADORESAKEUN” , rada kagugu ku ieu istilah teh ! Naon atuh patalina jeung ungkara anu di luhur ???
Ngadoresakeun, upama ditarik tina konteks ungkara nu sok remen kapireng atawa kabandungan, ieu kecap teh ngandung harti mere karipuh, mere karudet, mere kabalangsak alatan ku hiji pagawean anu teu dijieun ku sorangan. Hartina aya anu nyababkeun ku sababiah tina hiji pagawean anu holna ti nu lian, nu antukna  tina hiji pagawean eta nimbulkeun atawa ngawujudkeun hiji paripolah sejen nu kaasup henteu hade nya eta KUTUK GENDENG, SUUDZON, HUMANDEUAR, NGAGEREMET, jeung sajabana, eta hal kaasup kana  panyakit hate lamun ditarimana tuna kasadrahan.
Sabage illustrasi nu nyampak  dina kahirupan sapopoe, nya eta ngeunaan “MIARA HAYAM”. Miara hayam kaasup salah sahiji conto karancagean atawa kaparigelan, anu lamun bener-bener dina ngokolakeunana bakal mawa kauntungan atawa benefit ceuk basa gaulna mah nya boh keur dirina nya boh keur nu lian.
Miara hayam sangkan teu ngadoresakeun ka batur nu jadi tatangga, tangtu kudu luyu jeung ajen-ajen kahirupan dina ngawangun hirup kumbuh tea. Upama urang dina miara atawa ngukut hayam diabur, tinangtu bakal ngabalukarkeun bangbaluh pikeun nu lian. Hayam bakal marodol di teras batur, lamun kabeneran teras imah tatangga teh teu make benteng paluhur-luhur kawas di pakotaan. Ilaharna pan di pakampungan mah ajen sifat kagotongroyonganana masih diparake, jadi loba keneh terasna anu nalembrak. Lian ti eta lamun ngingu hayam diabur geus pasti bakal ngaranjah pepelakan batur di buruan imahna, atuh bisa jadi gehger tah.
Jadi lamun dilenyepan tur diteuleuman, horeng ari ngaji teh lain ngan saukur nu kawates dina fadhilah atawa anu neoritis ngapung ngawang-ngawang, tapi jero-jerona Al-Qur’an reujeung Hadits teh pikeun nungtun manusa dina enggoning kahirupanana anu salawasna ngawangun katengtreman batin boh keur dirina boh keur nu lian.  … Cag !!! 

 

Dina nyuprih teu karana aya nu diseja nu saukur panghias dunya
Nyamunikeun nu patojaiah komo bari didadasaran kacingcirihi diri
Mesek wewesen ngalap kaberekahan ayana dina sumerah diri nu teu daya teu upaya
Ngudag kasajatian sajatining nyukang lakuning jejem jauh tina kariaan nu dieuleuhkeun
Nyiloka dina ngajen jeung papada kaula bari mamandapan ka Yang Agung
Teu perlu nembongkeun kapunjulan nyieuhkeun kapinteran nu kodek
Lantip rintih bari nitenan yen nu dilakonan asup kana salangsurup pangrasa sakabehna
Pon kitu deui nu dipalar enggoning umajak teu dibarengan ngajadmen nu lain sakuduna.




Mipir-mipir kaheman neang asih nu kapegung dina jaman tarate digenggong, sulaya tina tuturus nu geus diembarkeun, yen isuk baring supagi bakal katohyan saha nu nyiliwuri dina ngareka-perdaya. Reka perdaya nu patojaiah reujeung kaagungan Illahiah nu sampurna.
Pek arandika nyungsi nu bener jeung benerna da Alloh mah moal pahili dina ngajen mahluk ciptaanana, naha arandika teu nyaho aya pangbalikan nu moal bisa dinaha-naha?
Ulah ngadurenyomkeun ieu aing…ieu aing
Di payuneun Gusti Nu Maha Suci nu geus digelarkeun dina  Al QuranNa, teu aya hiji mahluk nu alus iwal ti anu boga kayakinan nu yakin jeung yakinna ka Nu Maha tunggal nu geus nyiptakeun alam sakabehna.
Geura tuh tenjo tingarigelna manusa dina kamonesan dunya anu teu lana, ulah hayang diugung-ugung nu ngan saukur kumagungan. Nu agung mah anging Nu Maha Agung nu linuhung dina nyampurnakeun hirupna manusa.
Ulah rek kabobodo tenjo geura eusian hate ku wening galih nu bakal muka hijab arandika sakabehna sangkan nyaho kana diri nu sajati, sajati dina nyubadanan raga jeung jiwana nu moal pareum dina nyuprih jatining diri ka Alloh nu Maha Wisesa.
                                                                    ( ku nimasgaluh, 20120)




                                                                                   







                                                                 

Rabu, 27 Juni 2012


RUMPAKA  PASUNDAN  

              

DANGDING   HARIRING  LAWAS
(by nimasgaluh, September 2011)


Diamparan keusik disimbutan halimun
Na leunjeuran waregu ngababatang
Bentang kukus jadi saksi nyaangan pikeun jadi sajarah
Pakakas haur koneng ajeg nanceb gedengeunnana
Mumunggang pasir merenah mere isarah
Sirna raga cadu sirna rasa kahuripan
Sumur  panca warna                                                                    
Sedong sanghiang cipta permana girangeun karang kamulyan
Pertanda na warisna jalan muru hakna ti Yang Izzati
Bakal muka lawang sagala lawang
Dibarengan angin mawa wawangian
Galuh jeung galih lir gula jeung peueutna
Tilu, lima, tujuh tur salapan dulur jeung rahayat katut ponggawana
Museur na lengkob Bojong salawe  tonggoheun leuwi sipatahunan
Neundeun kaheman pikeun urang Galuh
Guareun hate
Guareun rasa
Guareun , siareun sakur nu rek tandang

                        

NAPAK TILAS
(by nimasgaluh, Desember 2011)                   

Dalem Dungkut teu weleh imut
Lukut hejo  ngampar satungtung deuleu
Cigajah   someah ngagiring hate nu jejem
Imah leutik paranti mujasmedi ngadeukeutan Yang Widi
Winduraja nepungkeun dulur baraya
Ngawincik rundayan Kawali Mukti
Pohaci ngajadikeun bibit buit Sekar Tanjung
Seungit geuning…
Galuh ti wetan ka kulonkeun
Kalan ka kaler
Tepung na hiji tangtungan nu ngaran kaSumedangan
Reungeukeun ku arandika
Ti gunung Padang
Ngembat nonggoh ka Wadokeun                                              
Tumamprak
Eyang Jayaperkasa
Seja ngaraneh jeung mintonkeun sekeseler Siliwangi  
                                   


KARUHUN TUNGGUL RAHAYU
 (by nimasgaluh, 2008)                                   

Sering ingkang raka ngajaheutkeun manah
Kaheneg mumbul ngaluhuran wuwung
Ka handap ngaliang tepi ka neumbag cadas turi
Kalan ngalampar, ngoyagkeun emutan
Kanjut kundang lir nu pejet                      
Sahambalan maju sahambalan
Nu nuyun anteng nyuprih leuwi Kang Ingkang Goparana
Tong nembongkeun tumamprakna dampal panangan
Ngawur-ngawur kaCikundulan
Napak tilas dalem papak ngajejer alam kajinan
Eulis…jalan masih panjang, salira mustika nu nganteur
Na patok alif sapta punduh Raja di Tatar Galuh                                
Tasbe ramo tingarutek sabukuna nganteur dikir
Dijajap seuseungitan, Salira sumping ka payuneun            
Dibarung imut luk tungkul seja nyalaman
Di Ciremey ngariung sandika muru pahing
Aya wangsit ngabelesat ngucap amiiin………..
Teu lila sajorelat bentang ngariung                                                
Angin ngadalingding jajap salira mayunan Ingkang Raka
Ah…na teu karaos salira nyandingan caroge?
Mangka susut cipanon……..Raden Ayu !
Talaga Cikundul maseuhan salira
Ngagulung terah menak karadenan
Sawer pangjajap waktos lungsur
Pukah tina sila panghias ibun
Dialokan sora manuk uluk salam
Nguniang leumpang muru patalimarga
Salira nyarengan na rincid Sumedangan
Paroman nyandak sipat Cianjuran
Pasampeur Galuh Pakuan gandang lumaku
Angin tutumpakanana, seah sabalad-balad
Nyaraksekni na tembang ladrang ngajurung mungkur
Sangkan bisa ngaheuyeuk dayeuh dina panca ciciren buana
Sakedapan salira ngaleng kakasih
Ana emut geuning aya di lengkob muru pancuran
Seja sumerah ka Yang Agung
                                                   

LUGAY
(by nimasgaluh, 2009)


Lumungsur gerentes hate
Panimang pamanggul rasa sumarambah
Renghap nu pinuh ku harepan muka jalan
Lumampah nyampeur dangiang galeuh pakuan 


Na tutugan gunung Marapi pinuh kasurtian
Ciibun lantis ngamandian
Cireumis nyasarapan kamulyaan
Lengser tina medal sila moro jugjugeun


Mawa kahidmatan anteng na sumerah ka MantenNa
Handapeun tangkal kopo
Pancuran tilu tina haur koneng caina nyurug
Batu lemprah nandean
Nimbulkeun sora masieup alam
Diiuhan harieumna kaso jeung ramukasang
Lukut ngampar ngahiap sumujud ka Yang Agung



KANGGO NU NYUKCRUK RUNDAYAN
(by nimasgaluh, 2011)


Sapunggelan  waktu mangsa urang hudang sare
Mingkin tambah tur ngalegaan
Waktu tunggul rahayu mangsa muara tangkal darajat
Bentang wuluku nganteur sarangenge atra masih rarehe
Robah ki Sunda cicirenna sirnana supa ngilang ti buana
Na bakal balik deui?
Pananya nguwak-ngawik rasa sajati terah Galuh Pakuan
Puseur kaSundaan
Mangka raksa mangka jaga pake hate
Sangkan Kawali nyakseni
Saksina Astanagede
Ajeg nagari geus deukeut
Nu makalangan Ki Sunda
Dayeuh muru karahayuan


Na Nete
(ku nimasgaluh, 2012)



Milang naktu muru sahambalan

Ngajegkeun nu ilang

Mere iber di lengkob pancaniti

Guareun rundayan nu nyaah kana panaratas bihari

Mukana lawang lalangse nincak dina uga

Nu lantis kalantipan wening ati

Diperedih lakuning tirakat

Nyieuhkeun kahayang nu sagolewang daun pare

Tali paranti salawasna migusti ka Dzat IZZATI  nu maha Mulya nyatana Alloh Swt.

Aya dina pituduh   Al Qur’an tur anu geus dijalurkeun dina sunahna Rosul

Sangkan tapis mesek nagari ajangkeuneun balarea

Nu nganti kawarasan

Waluya reujeung rahayu
 
Ulah cidra nepak dada ieu aing



 
          NU SUMPING DINA WALERAN

 


Asih rahayu geura tuyun ka mana bae salira ngalengkah
Na mangsa beurang jeung peuting mo pakia-kia
Teu, teu  gundam Eulis, da rasa nyaksrak saungkeb raga
Soca pinuh ku cahaya rahayu nyawer deudeuh
Nu moal aya laasna
Sacangreud jeung na cangreud basa ngucap salira teh
Pupuja hate tepi ka ngajengjehe raga
Eulis geuning bulan mamayang urang duaan
Na seuseungitan tresna nu nyacas
Eulis Darmaraja saraga sajiwa neuleuman emban pujaning rasa
 
(nimasgaluh, Maret 2013)