RUMPAKA TI PASISIAN
DINA LALAKON
Leumpang rumahuh na pagaliwota patalimarga kahirupan
Nyeueung hirup kumbuh nu pinuh ku tarahal jalan sorangeun
Na sisi gawir tepis wiring …
Nu teu kasorang ku aweuhan bur-berna kahayang
Geuning loba keneh nu can kaolah jeung diolah
Harepan jeung udageun hirup mere omber
Ka papayung nu wacis …
Pikeun nyubadanan malar adil palamarta
Da satemenna nu ngagelar dibarengan jeung hakna
SAUKUR MANGPRING
Sora handaruan pasiuh dina sawer pasini jangji
Tandang dangah nyoren pusaka pangbebenjo somah
Geura haripeut sabab beak ku kasima
Kasima kamonesan nu dipoles pangrungrum
Pancaniti nganti saukur catur nu bisa diukur
Dina gelaring tanding geuning rea keneh nu kabelejog
Ka mana leungeun ngaheuyeuk nu mawa mukti
Ngael bari teu nyiwit
Sanajan na amparan patulayah da puguh sulurna
Digeberan hihid ti kabuyutan nu wedi ku asihna
Dina ngarumat keur anak incu
Horeng kapiheulaan ku tukang tolombong
NGAJURUNG DO’A KI PATANI
Pucuk pare ting aroyag ting karetip,
ciibun lir nu galumbira,
borelak cai pancuran anteng nyurug,
kolecer lilir lalaunan, lir babatek,
oyag bareng mayeng na basana,
napakuran jiwa jeung rohna,
ngabadan dua pikeun manjangkeun rundayan,
pohaci mere tawis dzikir tahmid muji ka Raja Alam,
sangkan hirup jeung hurip ngadohir,
lulus banglus ngagelar ranggeyan emas.