Kamis, 25 Oktober 2012

TEU KAJUDI ...

 Lumpat na titincakan galur Galuh
 Nyered pakedulan lumantung ka beh kidul
 Nyorang sengked tina batu cadas
 Muntang kana haur koneng
 Heulang ngelik ti pasir astaringga
 Lebakeun gunung Sawal anjog kana curug nu katujuh
 Rongheap narik asma kurungan
 Ana ngumbah beungeut tiis nyelesep ngudar reged kakeumeuh
 Malipir sisi kowakan muru batu nu lemprah
 Diuk sila tutug ngadengkek napsu amarah nu rongkah
 Mata mencrong kana cai curug dibarengan narik nafas anu jero
 Malah mandar datang pituduh sangkan tinemu indit jeung teu inditna di ieu patempatan
 Nu kapanggih layar nutupan kaputren ana disingkabkeun aya nu nutup deui
 Geus kajudi pikeun milampah ka Majapait nemonan Hayam Wuruk bakal aya kajadian
 Tapi teu kabaca naon anu bakal kasorang gemet ieu jadi rasiah
 
                                                                (Ku nimasgaluh, 2012)