“ SASAKALA PRABU SILIWANGI”
(Teks ini bukti tertulis dalam bahasa dan tulisan Sunda kuno jaman Pajajaran,
yang di tulis di kulit harimau berasal dari Kitab Suawsit Sasakala Prabu
Siliwangi).
Kaula Prabu Siliwangi nyakenkeun ka sadayana jamaah
Diya sakayan kaula nu Insya Allah ngabalai
Diya nyusuk nudihapurankeun kaagama Islam
Nyian anaka arang-arang nuka kaula di wastupun
Nyakeun hate diyaya sakala dikailkeun di kaitkeun
Dipahetkeun nyakeun lelembut diyaya sakala
arang-arang marifat
Puran kayan kegeugeuh diyayakeun ka gusti Allah
Diya dihampurakeun ka agama Islamna
Haturan dajar nyakeun hapur kaula kasabab
Neuteup diyaya teu nyakeun diaya sakala bisa musrik
Sakitu nu kaula bisa dibantoskeun diya kecapna
Susuhun dihampura diya kecap parit ieu upami aya
kalepatan
Kaula Prabu Siliwangi Pangeran Pamanah Rasa”)
Manawi ieu, pami dibasakeunana dina jaman kiwari janten unina
kieu :
Kaula Prabu Siliwangi ngayakinkeun ka sakabeh
jama’ah
Maneh sakabeh (ra’yat) kaula nu Insya Alloh
netepkeun
Maneh
asup ka agama Islam heug dihampura tur geus nyararita sumanggem ka kaula
Nya heug neangan kajayaan ulah kagok sing
bener sing yakin
Eta intina ngararomong supaya jadi ma’rifat
Gusti Alloh nu ngawasa ieu alam, maka
kajayaan sampurna
Tah lamun kitu asup ka agama Islam teh kafah
Tapi poma ulah ngayakeun na jero hate tur
ngagung-ngagungkeun Siliwangi
Eta bisa musyrik
Sakitu kaula mere dina kecap kaula menta
dihampura kaula bisi aya kecap kaula salah
Kaula Prabu Siliwangi Pamanah Rasa
Surahan tina Surahan harfiah Sasakala Prabu
Siliwangi
Beberkeun !
Bejakeun ka balarea, sangkan nyaraho yen kula
ngagem ajaran KaRosulan, poma ulah jadi papasean jeung adu renyom anu
ngajadikeun nur dhohir nur batin pasolengkrah, da deukeut-deukeutna tina
suudzon. Tanbih aranjeun kudu longkewang ceuk basa, ceuk rasa, kabeh kudu bisa
nganteur sangkan bashiroh muncul dina sakabeh alur getih nu aya dina raga. Mangka
aranjeun kabeh ulah rek gasab dina harti lamun teu neundeun entong nyokot, hartina urang sakabeh kudu mepende hate, engkening jaga bakal patemu
bakal panggih pangbalikan, pan urang kabeh geus arapal urang balik ka Alloh.
Ari ngaji larapna sakabeh gegebeng aya dina
waruga urang, kudu ikhlas jeung teu weleh syukuran , naon atuh anu dipake agul
ku urang, urang mah teu daya teu upaya. Sanggeus ngaji karek ngaju, neuleuman
sakabeh ciciptaan nu dhohir jeung nu teu dhohir sangkan panggih jeung
Mari’fatna Alloh, eta sakabeh urang kudu muhit. Laju kana ngaja, ngajalankeun
sakabeh parentahNa nu digelar ngalangkungan Sang Rosul, sakabeh ageman tina Al
Qur’an.
Catetan :
Prabu Siliwangi ngabasakeun Al Qur’an ku
istilah Cupu Manik. Agama Islam diistilahkeun ku anjeunna Ageman KaRosulan.
Dina hiji waktu kula ngimpi dibawa kana hiji
riungan nu gunem catur ngeunaan ageman, di antara dina eta riungan aya Syeh
Quro.
Puspa Sarining Rahayu nu ngenas jaman harita
di mana jelema nu surti ka diri nyaah ka awak heman kana renghapna napas sadami-sadami nyusud
tepus ngahontal darajat kahirupan dina enggoning hirup di marcapada, nya eta
neangan pangbalikan anu harita kacatet Hyang Aji Nalendra, nya eta anu geus
nyiptakeun saged sadunya anu mere obor panonpoe nyatana eta ageman the
ngawincik jero-jeroan ati meulah alur-alurna getih sangkan wanoh jeung sifat
opat anu aya dina urang sakabeh , nya balikna urang sakabeh hayang balik ka nu
nyiptakeun .
Sakabeh guntrengan dina eta impian ahirna
kula wacis jeung ngarti gening luyu ageman anu diagem ku anak incu kula nyatana
AGAMA ISLAM, mere warna ka nu di luhur (Puspa Sarining Rahayu) nya kula sumujud
ti harita ngikrarkeun diri seja nyembah ka Yang Agung nu murbeng alam nyatana
ALLOH nu ngagaduhan sifat Irodat 99 Asma anu Agung.
Bray caang tandes pisan batu hideung
ngajegir, harita kula dibawa ngurilingan batu hideung, dibawa deui lulumpatan
bari ngalung-ngalungkeun batu, diinuman ku cai nu ngagenyas.
(Ku nimasgaluh, 2012)