Jumat, 28 Juni 2013

NU DITENUNG


 

 

Sanajan totonden haben mere tangara

Da puguh disered kala mangsa nu diteundeun

Ngalaipkeun diri na ajeg-ajeg kalantipan

Ngararad urat-urat panyangkeh deudeuh

 

Katambias puradan teu munasabah kalangsu puruluk hasud

Ngaleungitkeun ipukan mangsa tepang munggaran

Hariring asih na gending ukur ngengklokan pangbebenjo budak

Keur maripih nu mipir ku sihir nyiliwuri

Angkeub satungkebing lalakon kaheman

Nyesakeun gurat kapeurih

 

Menekung ku tulak tenung tina kahayang marojengjana hawa

Nu ditiupkeun ngaliwatan pamikat rereged dunya

Katalimbeng na reka ucap mamanis basa mawa hemeng

 

(ku nimasgaluh, 28/6/2013)

Selasa, 18 Juni 2013

HARIRING ASIH PAREPEH


Samar na runtuyan galindeng asih tresna salira

Horeng saukur parepeh mepende hate

Mipindingan kagiung nu ngaberung

Deudeuh diri … gening kacingcirihi

Nyubadanan kahayang naratas kabagjaan dipangloh

Rasa mokaha nu ngagedur angkara murka

Tina panalikung buhul-buhul nyiliwuri

Ngaleungitkeun asih na asihna

Sajatining asih nu disungsi di taman jaladri kaheman kapegat pepedut



Kahemeng nu nyangkaruk ditongtak na kulah tenung

Nu ditiupkeun ti waktu ka waktu

Nyieuhkeun pikir nu lantis ku hipnotis diri

Nulak sukma dina cidra jangji pasini bihari

Anjeun geus ngotretkeun mangsi hideung

Na catetan nu ngaruntuy ku gurat raheut


(ku nimasgaluh, Juni 2013)