Rabu, 27 Juni 2012


RUMPAKA  PASUNDAN  

              

DANGDING   HARIRING  LAWAS
(by nimasgaluh, September 2011)


Diamparan keusik disimbutan halimun
Na leunjeuran waregu ngababatang
Bentang kukus jadi saksi nyaangan pikeun jadi sajarah
Pakakas haur koneng ajeg nanceb gedengeunnana
Mumunggang pasir merenah mere isarah
Sirna raga cadu sirna rasa kahuripan
Sumur  panca warna                                                                    
Sedong sanghiang cipta permana girangeun karang kamulyan
Pertanda na warisna jalan muru hakna ti Yang Izzati
Bakal muka lawang sagala lawang
Dibarengan angin mawa wawangian
Galuh jeung galih lir gula jeung peueutna
Tilu, lima, tujuh tur salapan dulur jeung rahayat katut ponggawana
Museur na lengkob Bojong salawe  tonggoheun leuwi sipatahunan
Neundeun kaheman pikeun urang Galuh
Guareun hate
Guareun rasa
Guareun , siareun sakur nu rek tandang

                        

NAPAK TILAS
(by nimasgaluh, Desember 2011)                   

Dalem Dungkut teu weleh imut
Lukut hejo  ngampar satungtung deuleu
Cigajah   someah ngagiring hate nu jejem
Imah leutik paranti mujasmedi ngadeukeutan Yang Widi
Winduraja nepungkeun dulur baraya
Ngawincik rundayan Kawali Mukti
Pohaci ngajadikeun bibit buit Sekar Tanjung
Seungit geuning…
Galuh ti wetan ka kulonkeun
Kalan ka kaler
Tepung na hiji tangtungan nu ngaran kaSumedangan
Reungeukeun ku arandika
Ti gunung Padang
Ngembat nonggoh ka Wadokeun                                              
Tumamprak
Eyang Jayaperkasa
Seja ngaraneh jeung mintonkeun sekeseler Siliwangi  
                                   


KARUHUN TUNGGUL RAHAYU
 (by nimasgaluh, 2008)                                   

Sering ingkang raka ngajaheutkeun manah
Kaheneg mumbul ngaluhuran wuwung
Ka handap ngaliang tepi ka neumbag cadas turi
Kalan ngalampar, ngoyagkeun emutan
Kanjut kundang lir nu pejet                      
Sahambalan maju sahambalan
Nu nuyun anteng nyuprih leuwi Kang Ingkang Goparana
Tong nembongkeun tumamprakna dampal panangan
Ngawur-ngawur kaCikundulan
Napak tilas dalem papak ngajejer alam kajinan
Eulis…jalan masih panjang, salira mustika nu nganteur
Na patok alif sapta punduh Raja di Tatar Galuh                                
Tasbe ramo tingarutek sabukuna nganteur dikir
Dijajap seuseungitan, Salira sumping ka payuneun            
Dibarung imut luk tungkul seja nyalaman
Di Ciremey ngariung sandika muru pahing
Aya wangsit ngabelesat ngucap amiiin………..
Teu lila sajorelat bentang ngariung                                                
Angin ngadalingding jajap salira mayunan Ingkang Raka
Ah…na teu karaos salira nyandingan caroge?
Mangka susut cipanon……..Raden Ayu !
Talaga Cikundul maseuhan salira
Ngagulung terah menak karadenan
Sawer pangjajap waktos lungsur
Pukah tina sila panghias ibun
Dialokan sora manuk uluk salam
Nguniang leumpang muru patalimarga
Salira nyarengan na rincid Sumedangan
Paroman nyandak sipat Cianjuran
Pasampeur Galuh Pakuan gandang lumaku
Angin tutumpakanana, seah sabalad-balad
Nyaraksekni na tembang ladrang ngajurung mungkur
Sangkan bisa ngaheuyeuk dayeuh dina panca ciciren buana
Sakedapan salira ngaleng kakasih
Ana emut geuning aya di lengkob muru pancuran
Seja sumerah ka Yang Agung
                                                   

LUGAY
(by nimasgaluh, 2009)


Lumungsur gerentes hate
Panimang pamanggul rasa sumarambah
Renghap nu pinuh ku harepan muka jalan
Lumampah nyampeur dangiang galeuh pakuan 


Na tutugan gunung Marapi pinuh kasurtian
Ciibun lantis ngamandian
Cireumis nyasarapan kamulyaan
Lengser tina medal sila moro jugjugeun


Mawa kahidmatan anteng na sumerah ka MantenNa
Handapeun tangkal kopo
Pancuran tilu tina haur koneng caina nyurug
Batu lemprah nandean
Nimbulkeun sora masieup alam
Diiuhan harieumna kaso jeung ramukasang
Lukut ngampar ngahiap sumujud ka Yang Agung



KANGGO NU NYUKCRUK RUNDAYAN
(by nimasgaluh, 2011)


Sapunggelan  waktu mangsa urang hudang sare
Mingkin tambah tur ngalegaan
Waktu tunggul rahayu mangsa muara tangkal darajat
Bentang wuluku nganteur sarangenge atra masih rarehe
Robah ki Sunda cicirenna sirnana supa ngilang ti buana
Na bakal balik deui?
Pananya nguwak-ngawik rasa sajati terah Galuh Pakuan
Puseur kaSundaan
Mangka raksa mangka jaga pake hate
Sangkan Kawali nyakseni
Saksina Astanagede
Ajeg nagari geus deukeut
Nu makalangan Ki Sunda
Dayeuh muru karahayuan


Na Nete
(ku nimasgaluh, 2012)



Milang naktu muru sahambalan

Ngajegkeun nu ilang

Mere iber di lengkob pancaniti

Guareun rundayan nu nyaah kana panaratas bihari

Mukana lawang lalangse nincak dina uga

Nu lantis kalantipan wening ati

Diperedih lakuning tirakat

Nyieuhkeun kahayang nu sagolewang daun pare

Tali paranti salawasna migusti ka Dzat IZZATI  nu maha Mulya nyatana Alloh Swt.

Aya dina pituduh   Al Qur’an tur anu geus dijalurkeun dina sunahna Rosul

Sangkan tapis mesek nagari ajangkeuneun balarea

Nu nganti kawarasan

Waluya reujeung rahayu
 
Ulah cidra nepak dada ieu aing



 
          NU SUMPING DINA WALERAN

 


Asih rahayu geura tuyun ka mana bae salira ngalengkah
Na mangsa beurang jeung peuting mo pakia-kia
Teu, teu  gundam Eulis, da rasa nyaksrak saungkeb raga
Soca pinuh ku cahaya rahayu nyawer deudeuh
Nu moal aya laasna
Sacangreud jeung na cangreud basa ngucap salira teh
Pupuja hate tepi ka ngajengjehe raga
Eulis geuning bulan mamayang urang duaan
Na seuseungitan tresna nu nyacas
Eulis Darmaraja saraga sajiwa neuleuman emban pujaning rasa
 
(nimasgaluh, Maret 2013)


 







                                                                                   

Selasa, 26 Juni 2012


TERPERANGAH  DALAM  TOPENG  TAK  BERTUAN
            (by nimasgaluh )

Memerah terjebak kebodohan yang membisu
Terentang asa dari logika runut
Menukik bak merpati hilang sayap
Sepotong rasa teronggok berkeluh dalam kejahilan
Meronta di relung keterpanaan
Dewi malam pun menyeringai …

Sengatan itu seolah mengejek hilang di kegelapan
Mengibas warna pelangi mengurai takjub
Maka hamparan bintang pun sudah tak nampak
Tinggallah kelam dalam ringkih yang memilu

Termangu mengandai waktu dalam kepanikan yang tergapai
Memilin cita seperti peri kecil yang menari
Mungkin tidur tertelap tanpa mimpi

Ilusi pagi memukau mata berkunang
Menerpa sisi kegenitan yang meradang
Tertawan fatamorgana sadis
Hulubalang menghujamkan sangkurnya ke balik jubah
Sepintas kilau datang menghampiri
Memagut yang terberai
Alam tertawa memantulkan sarkasme
Kutelungkup tangan bersimbah harap …

Lintasan kilat itu memberikan dalam kegamangan yang angkuh
Tersembul menuju arah metamorphosis
Meraih ambigu waktu meretas kesyahduan
Dan terbuang ke pusaran arus

Semakin terpejam semakin tajam mata hati
Mengurai dalam binar-binar gelora halusinasi
Menukik buih-buih laut yang berdendang
Menggelayut dan berbalik ke samudra luas

Menangis dalam kulum rindu menggantung
Melepas sauh di arena kepicikan
yang terbangun dari  seutas pilinan kerapuhan sebuah ambisi

           Tak pernah meminta dalam bayang pun
Ketika senyum maut datang mempidana
Memutar rangkaian ke dalam putaran masa
Dan lorong masa menghadirkan cerita bernada sumbang
Mengaduk benak lewat trendil
Maka pengayuh perahu itu pun telah memainkan satu babak drama elegi pagi

Lalu suara alunan  dawai pun mengusik birunya laut tertimpa sinar mentari
Membenamkan menoreh kenangan manis
Mengayun terpentang seribu angan
Dalam kejapan mata menyesakkan dada


Senin, 25 Juni 2012


NU NGALALAKON

Runtuyan ka 1

Geura bejakeun ka balarea nu nyangkaruk di tatar Sunda sangkan tatar Sunda nanjeur, kudu pageuh dina nyekel wisit tali paranti nu meulit na iga-iga kujang, sangkan aranjeun sakabeh nyaho, patok nanceb mere ciciren kahirupan nu ngocor ti Galuh Pakuan, nyebar ka tatar Sunda yen urang Sunda sieup nyeuseup, saidek saigel, sausum sajaman, sahate sahadatian. Runtuyan na rumangkak urang nyakseni jiwa jeung raga kudu uluk salam salalamana, nyungkar sumbar mere cahya kahirupan, ulah arek silih siku , silih sepak, ulah arek ulu-ala mun lain alaeun, ulah unggah lamun lain hak udageun.

Datang mangsa hirup dipipindingan kedok, dasar geus teu apal kana wiwaha, padahal dina runtuyan ku urang Sunda, datang na pasemon beungeut marahmay , datang kana impungan seja tandang mawa dada nu pinuh ku dangiang , dangiang  na watek opat acining kahirupan, pancerna dibarengan ku malaikat.

Alam nanjeur pinuh ku gugupay, ngahiap-hiap sangkan aranjeun sakabeh ulah adigung adiguna, asa aing uyah kidul. Amparan meber ka kaler, ana dibuka loba biwir nu dalower, antara luhur jeung handap aya rohangan anu kudu dieusian, apal ayana, aya nu ngariksa, ngapit tur nuyun ngaluluntur qolbu, seja mideuheus ka nu mere nyawa ka sakabeh nu gumelar di alam padang, paragi nyebar pepelakan sangkan ngahasilkeun bende kabuyutan. Ambeh waruga guru teu ngelas jeung teu ngabeda-bedakeun mana cacah mana menak na harti tetep tumetep silih ajenan, ngudag adil paramarta, among atma ngajiwa Ki Sunda tiis lir disimbutan ciibun.                                                                                                                                    

Runtuyan ka 2

Heug geura harudang nyanding dina wawangian sangkan ieu buana kapayungan dipayungan ku katengtreman, rahayat ma’mur rea ketan rea keton towong ti rampog jauheun ti sirik pidik jail kaniaya ka pada sasama, pakemna hate arandika eusi ku teu weleh ngadeukeutan ka nu nyiptakeunana.

Ari upeti taya lian nganteurkeun marahmayna beungeut dipasieup ku omongan anu jauh-jauh kana pangarahan, lain harta lain duit ari upeti teh. Cai ngocor ti tonggoh ka lebak hartina nu keur nyekel kalunggguhan kudu nyimbeuhan ka rahayatna, poma lain sabalikna, rancage ngolah rasa da jalma mah sarua, bane wae malah mandar dipikacinta ku ra’yatna.

Ulah rek ngagunasika kana tutuwuhan anggursi ku basa pamali miara sakabeh tutuwuhan, anu disuprih alam kaGaluhan, alam Parahyangan, alam kaSundaan teu ruksak ku alatan urang sakabeh.

Ti Kawali indit nyuprih diri, ngudag wewengkon ka beh Bojong, ieu taya lian nalikeun urat-urat uga, nyusul tepus kabagjaan pikeun karajaan, anteng melong bari sila makprak, leungeun sumeja tumarima ka nu ngusikkeun jeung malikkeun, nu dipalar rundayan sakabeh murbayaksa pikeun ka harepna dina ngeusian ieu nagari, geura wewegkeun lima tangtungan saperti datangna katumbiri ti sumur pancawarna, ngan aya nu dipikahariwang ku kula, ana ditanya urang Sunda teh saha? Urang Sunda teh mana ? Dijarawab ku biwir nu rarombeng, pasti moal katimu jeung jati diri wawangian, da teu kahontal teu kausap, bongan arandika teu ngaji jeung teu diaraji tutungkusan karuhun, paku kaGaluhan panca di buana. Inggis jeung risi kula bisi kaalaman ku rundayan kula nu teu anceg teu ngawatek”Pakena Gawe Rahayu Pakeun Heubeul Jaya di Buana” bari paur nangtung ngajunggiring pangadilan lir raksasa, tapi kaadilan euweuh . Nu pinasti rasa-rasa batin manusa katideresa, naha hade ngolah nagari kitu?

Ceurik sumegruk samemeh lunta tina sila mangnyaahkeun, mangdeudeuhkeun, kinasih teu tepi kana ati, ngan cangkang nu nyimbutan, beungeut nyanghareup ati mungkir, atuh pamohalan urang Sunda nangtung reugeujeug pikeun ngolah nagari.

Geura sing sauyunan silih jait bisa mihapekeun diri, nyurung-nyurung papak ragem pikeun ngama’murkeun ieu tanah kaSundaan, ulah rek nyingkah bali geusan ngajadi, sakumaha anu geus digelar, da urang teh dulur sadulur pet ku hinis. Buktikeun tata titi duduga peryoga laer aisan, silih asah silih asih silih asuh ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak, babarengan satanggungan sasuhunan, ana ngigelkeun lengkah seja ngisikan, geura urang Sunda pasti tandang mayungan di alam anu engke ka hareupna.   

  Runtuyan ka 3  ( Hemeng ???)

Udageun mangsa ngigelan jaman ngawangun buana sangkan ngarundaykeun kahirupan muru sumebray dangiang kencana, sugan jeung sugan. Rundayan  ngawatek wangina kusumah, ngahiab satatar Sunda, bakal nyuprih nu ngalalana ka kulonkeun.

Lawang Gintung disarungsum lemah, pikeun ngajadikeun ciciren na wangsit :  “lugia na mahayu atmaning rasa gandrung, rumpaka wrea jinis lanang lan sakabeh wuri-wuri nyindem alang kapimalang, watu ajeg cakra brata, nepus puseur bumi rumeunjeug kadaton”.

Rampak ragem ngalelemah, mupakat ngaguar batu ngadegkeun lembur pilemburan, sangkan bisa mere ajen mibanda hiji nagara, tapi teu lila tina bingbilangan waktu jeung taun, aya bencana urugna taneuh.

Munjung karahayuan muntang darajat kamulyaan, sawer rasa disimbeuhan amis budi, panenjo nungtun tali wali sukma rasa, kalis ti kitu bakal muncul nu ngaropea Sunda Dwipayana nu rumanggeum astakalih keuna kana waris jeung hakna, budak nu seukeut panenjo, balabah ka cacah, ngurung buana pikeun kahirupan jasad nu kumelendang.

Na lamping jeung lengkob Sipatahunan nyutat kedaling rasa pirasa, ngaguruh na pantun ladrang, ngajirim minuhan aweuhan pikeun dipesek ku rundayan sakabeh. Cilengkrang ngangkang ngadeupaan tali aji-aji nu dipalar nyambuang seungit silih wangi, mere pamor ka Sundaan digeberan ku hanjuang sataman.

Cukang Cisarua nungtun lengkah, jog anjog ka Gunung Batu, nafas jero sarua jeung jerona kaheman ka lemah cai, gening rek datang semah, pinuh pepelakan, ana panen dibawa ka nagrina, urang pituin molohok diranjah jatining hirupna, jati kasilih ku junti. Bongan arandika sakabeh hirup geus teu adu manis na basa jeung budayana, padahal urang sakabeh leumpang na kendang cianjuran, poma ulah digoongan ku igel topeng, ahirna hirup patojai’ah.

Bakal deui panggih nu hirup na jamanna, nu nabeuh-nabeuh nu ngampar-ngampar nu seubeuh-seubeuh nu lapar-lapar, nu diudag ngan dunya wungkul bari jeung teu enggeuh ti mana wiwitanana asal buncireung beuteung ngagedean. Ku naon teu arera ana diuk na amparan mendong anu bodas, geura tungkul sangkan hirup teu sisidueun, pongpetna hate karasukan buta durujana.  

Runtuyan ka 4

Naratas qolbu ka sakabeh manusa nu sajajar rampak na hirup kumelendang di alam pawayangan. Harti nukil hate bisa mawa awak na hirupna ngawarnaan pikeun rumeunjeugna tina olah rempug jukung, nu diseja sangkan jalma asup tingkatan kelas wajib, dina harti ayana dipikaresep tur dipikaajrih , na suwungna ditatanyakeun.

Beurat mawa awak ! Komo lamun ngaku satingkat ti cacah, padahal nu ngabedakeun tindak-tanduk dina ngambah kahirupan anu teu weleh miboga sifat landung kandungan laer aisan. Poma ulah arek ngagul-ngagul turunan da nu dipalar mah lain kitu sarua jalma mah wedalan ti Nabi Adam. Jadi urang teh turunan Nabi, nyatana Nabi Adam. Hade ngagulkeun turunan lamun dina rengkak paripolahna pinuh ku jatining hirup jeung huripna, masagi dina sapopoena, tur tuyun turunan nu sejen, sangkan bisa sarua satata nyata, waluya dina ngeusian ieu nagara, dipahing rundayan-rundayan nu aya di tatar Pasundan ngarasa ieu aing pangpunjulna. Padahal leumpangna rundayan teh jang ngeusian alam Pasundan ku anu ahirna sabeungkeutan.

Meunang boga ciri masing-masing unggal rundayan oge, memang eta diolah kudu kitu, sangkan bisa ngeusian kahirupan, ngahijikeun ciri masing-masing, budaya masing-masing pikeun jadi sabeungkeutan. Mawa wawangi pikeun diambeuan ku saalam jagat raya. Sabab papagon dina unggal rudayan, lamun ditarik dina nafas Galuh surti, aya ucap nu kudu dipake dina saban- saban kahirupan, taya  lian kudu BENER. Ari Bener lain ceuk sorangan tapi kudu ceuk dulur baraya sakabeh. Naha atuh kudu rame bari jeung parasea??? Sakapeng hemeng naon udageunana ??? Nu aya pinasti para rundayan teu ngahiji, atuh iraha wedalan rundayan Sunda anu jadi papayung nagari ??? Geura sok talafakuran, sidem amarah nu bututna, kaluarkeun sing ngajaul nafsu nu alusna, sangkan alam Parahiyangan katojo ku balarea.

Saung lisung nungtun na lumaku, sorana mawa katresna sangkan nyaah ka sakabeh rundayan, na lengkah dikurung ku nyiru tempat napian, mangka bakal katempo mana serah mana beas. Ana leumpang tipeuting dioboran ku obor nyamu, leumpang tandang da mawa hate anu caang bari nyoren kaneron nu tara ditutup salawasna muka, dihihidan ku kulit upih, rancatan tina haur, lulub meulit panyangkeh babawaan.  

   Runtuyan ka 5 ( Ningali ka hareup)

Lulugu runtuyan para sepuh mere alur pikeun hirup ka hareup sangkan miang ti pamidangan na nete lengkah ngajeungkalan,  ngahontal karaharjaan, ulah rek nyimpang tina papagon da ari hirup teu weleh dipager ku asmaning kalayan tamada ka AnjeunNa, mileuleuheung waris tur hakna bari jeung teu weleh urang angger kudu ngaca ka alam anu geus kalengkahan.

Kalentong ngadalian jeung mere jejer pikeun tandang, ngaraut kahirupan nyaliksik surti ti mana cai ngocorna.

Muntang ka papayung Agung nyantelkeun ati ka Ilaihi Robbi, sangkan na lengkah teu papisah jeung kalangkang dirina, payus na renghap nu teu weleh jumerit ngagentraan asmaning pinunjul Alloh Robbul Izzati, ulah poho na rek ngalengkah mimitian ku ngucap “Bismillahirrohmanirrohim”, dibarengan lengkahkeun suku nu katuhu pikeun ngeuyeuk ieu alam nu geus diwariskeun ku Alloh ajang umatna ngarah ma’mur raharja, kacangking dina ngaleugitkeun kawaluratan nyingkahan kakufuran. Nyatana urang boga alam anu endah, dipaseuk ku gunung-gunung nu parentul, amparan laut nu lega, talina walungan anu arula-arileu.

Rancage dina gawe, lalaki jeung awewe taya bedana ngaguar anu nyampak di alam maya pada, ngetrukkeun kabisa sewang-sewangan malah mandar, hususna alam parahyangan umumna ngalegaan nu kawegngku Bhinneka Tunggal Ika, jadi hiji nagara nu nangtung rumeujeug, nu kuat ku kama’muranana, nu aya na jejer pertiwi, eta sakabeh pikeun hirup ra’yatna.

Ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara moal rumahuh da sakabehna nyaho kana ugeran masing-masing, taliti tur ati-ati ngabedah ieu kandaga sangkan layar meber, ngajauhan babasan maung sarungkun.



RUNTUYAN KA 6
Cai saleguk maseuhan tikoro, dina cangkir batok kalapa wulung.
Implengan jauh ka hareup, nu ditulis bari nulis ku ruhay batok kalapa pikeun norehkeun keur arandika natrat dina awi tamiang, mumusti neda ka Yang Widi nu dipalar ku AnjeunNa mere tur ngagelar tina cahya na jero cahya, cahya nu marengan cahya, cahya di antara cahya, ngabeset na lulugu opat siku ti karosulan, wewegna ieu alam bakal tambah weweg tur tasbeh salalamina sarta moal kaluar ti sunatulloh.
Adab nu kahiji ulah rek ngaberung ka indung nu ngandung, anggur kudu milu na tuyunana, bari acining galih minuhan kaasih, kadeudeuh, lan kanyaah, nyeuseup anteb  nyebarna cisusu indung, sangkan hirup  teu kapahung, penta do’a indung penta rido indung penta welas asihna.
Asma nu marengan pikeun ngarapet kahayang nuju kahirupan ti awit bibilintik ngaji diri sangkan ulah poho ka lemah cai, leumpang lelengkah halu jumarigjeug mawa kahadean. Dharma hirup nyangangan na ieu alam, harepan ngawaris ka anak incu tur ka balarea, ti lengkob puseur Kawali.
Nyanding bapa nu ngayuga maseuhan tanaga kadewasaan malar adil palamarta, tandang leumpang teu kagok dina lengkah, teu sieun dina reureuh, teu rumenjag dina sila ana nepungkeun diri ka Yang Maha Agung, horeng hirup nyorang heula papait. Upama dilenyepan eta sakabeh, umpakan na ngawewegkeun jati diri, modal utama urang sangkan teu adigung adiguna, teu weleh handap asor di mana urang papanggih jeung kamulyaan hiru tur berehan ka balarea.
Reungeukeun na alam lalakon hirup, bisi tinemu jeung nete semplek nincak semplak, poma ulah arek aral subaha komo peunggas harepan, bawirasa sing deukeut ka Yang Widi anu geus mere hirup na kahirupan. Atuh upama hirup meunang kasinugrahaan kade ulah poho ka jati diri, nu perlu ku urang diaji hirup teh perlu perjoangan, da jamparing ge ngabelesat tina gondewa tetep kudu ditarik heula, mukti wibawa teangan masing bisa dipiboga pikeun jadi kembang kahirupan ka hareupna.
                                          (Jatinagara, 2012 ku nimasgaluh)

                                                                          

Sabtu, 23 Juni 2012

RUMPAKA SATUTAS BUBAT

i.  LAWANG SAKETENG



Ngagali peupeuyeuman nu geus ratusan taun disidem, kiwari diguar malah mandar jadi cacaang, ka sing saha anu ngagunemcaturkeun hiji kajadian nu dibere ngaran Perang Bubat.

Sampurasun…

Lawang saketeng kiwari dibuka dina enas galur intina, nalika Majapait nu diluluguan ku Hayam wuruk nu gaduh papatih Gajah Mada. Hiji kaayaan nu tempatna di wewengkon Jawa Timur, masih na amparan hiji nusa atawa pulo, di Beulah kulon kacatur aya hiji wanoja nu kawentar ku kageulisasanana, turunan rundayan ti hiji pamangku karajaan Galuh Kawali, ieu 2 karajaan boga kamerdekaan masing-masing.

Dijentrekeun karajaan nu di beulah kulon teh, nya dipupuhuan anu gaduh asma Prabu Maharaja Lingga Buana, astakalih putrana nu binekas wastana Dyah Pitaloka Citraresmi. Nya, Nyi Putri ieu pisan anu ngajadikeun Raja Hayam Wuruk gering nangtung ngalanglayung, kabungbulengan rasa nu anteb katresna nu teu kabendung. Teu dicaturkeun kumaha mimitina, nu eces ti Galuh arindit ngetankeun diwuwuh ku sahampalan prajurit.

Cag…tunda da geus tepi ka wewengkon nu geus diperenahkeun.

Hayam Wuruk bungah anu dianti-anti geus cunduk, sakumaha ilaharna tur geus disayagakeun ti anggalna, rek dipapag ku kahormatan karajaan, nya harita direureuhkeun heula di tempat anu ngaran Bubat tea, lilana eta ngareureuh 7 poe bingbilangan.

Dina waktu keur nungguan bingbilangan kana tujuh poe, nya aya nu daratang nu ngakukeun utusan ti majapait, ti dinya kajadian gunem catur antara anu ngakukeun utusan ti Majapait jeung ti pihak karajaan Galuh. Ti pihak karajaan Galuh tetep ngadagoan nepi ka 7 poe sakumaha anu geus dirarancang tea, sedengkeun ceuk utusan nu ngakukeun ti Majapait kudu harita indit ka karaton Majapait kalawan  nembongkeun surat anu dicap karajaan . Ku lantaran dina adu renyom eta pada-pada embung eleh, nya antukna kajadian garelut anu kiwari disarebut Perang Bubat.

Dina ieu hal urang lenyepan kumaha posisi Gajah Mada anu sabenerna?  Nu datang ka eta tempat teh utusan anu ngaku-ngaku Patih Gajah Mada . Patih Gajah Mada anu asli harita disamunikeun ku kelompok nu ngayakeun makar ka dirina, kadatangan rombongan ti karajaan Galuh Kawali anu tujuanana rek ngadahupkeun antara Raja Hayam Wuruk jeung Putri Sunda, dijadikeun kasempetan ku maranehanana.  Ieu hal  dilantarankeun aya intrik politik anu memang teu resepeun kana ketak pulitikna Gajah Mada anu mangsa harita keur ngagedurkeun sumanget persatuan Nusantara.

 
II.     NYUNGSANG NA PAKEWUH NU SULAYA 

Hampura ka balarea, lain rek megatkeun baraya katut rundayan tapi kitu igelna kahirupan nu geus kajamanan. Dina lolongkrang, renghap na nafas, nu tagiwur ku rasa, nyidem asmananing titis tulis, ngahanca lengkah pajueun hirup, sanggeus ngukur lampah. Muru ngetan seja nemonan pangangkir hiji raspati nu ngaguar tur mupuhuan Karajaan nu nelah tanah Majapait. Teu kaungkab dina rasa, teu kajudi dina hulu kolbu, estu mangsa nu nyerelek mawa poek. Sugan , pedah hate kebek ku kabungah diangkir ku pupuhu nagari anu didadasaran ku kameumeut rasa kacinta, tapi dalah di kumaha??? Anjog ka hiji tempat, eta mustika kabungah sirna, nu aya ngajadikeun hiji gurat kapeurih, kapait, jauh tina lukisan nu minuhan rasa nu dipiboga ku sakabeh manusa, nyatana ngagedur rasa katresna. Sanggeus apal pasungsang dina nyatana, ngabela hirup nangtungkeun hiji ajen pinajen, anu kacangkalak ku napsu kadunyaan, ngadhohirkeun nepi ka ngaleungitkeun, ngaku satria, nu aya nimbulkeun rasa haweuk, ngajauhan tur ngaragragkeun komara maranehanana nu moal leungit, geus ngawewejet nepi ka moal lila deui nagarana ancur tideuha tina jangji nu sulaya. Geura heug tarempokeun ku dulur-dulur sakabehna. Ahirna medar jurit pikeun ngabelaan basa nu cenah diangkir kalayan ngemban kaajegan nagara sewang-sewangan, ngaliurkeun rasa kaheman. Teu loba balad nu milu lumampah, matak teu kasebut tur teu bisa dilandi naha nu kitu teh perang? Da ceuk kuring luyuna mah disebut campuh garelut nu teu saimbang. Ngorolos nyalametkeun diri, paburencay, pikeun ngaleungitkeun raratan, aya nu salamet aya nu perlaya. Ngejat muru jalan ka kulonkeun malikan jalan nu geus kasorang, patebih jeung ingkang rama, dibarengan ku dalapan para dayang, teu kasusul teu kaberik, teu ngarasa aya nu ngudag, katipu ku panyamaran,  malih rupa sangkar kurungan. Moal loba nu dicatur sanggeus tepi ka nagari deui, geus diniatan ti dituna moal arek ka Kaputren deui, seja lunta ngawisit diri, pikeun neangan jatining leumpang ka pamulangan. Na hiji dadampar ngarandeg rareureuh ( kiwari eta tempat disebut Randegan) teu jauh ti tempat ka luarna cai nu ngaburial lir kaluar tina tikoro ( kiwari disebut sanghyang tikoro sanes sanghiang tikoro nu aya di walungan Citarum tapi torowongan alam nu aya di walungan Cijolang nu ngawates antara wewengkon Jawa Barat jeung Jawa Tengah panjangna kurang leuwih 500 meteran). Maju deui lalampahan, mangsa nu aya harita maju ka sareupna, dina gembolan dikaluarkeun makuta ( kiwari eta tempat katelah Kampung Kuta), ciciren putri nagari. Bubuara di dinya rada lila, nempatan sedong dina batu ( kiwari eta tempat katelah Kampung Sodong), bisa mamprak sila nu tumaninah komo deui pami emok. Timbul kasono na hate hayang lunta, nempo nagara tapi haben ditahan, dikuat-kuatkeun, teu mere beja ka sasaha , nya kitu deui ingkang rama waktos tepang di Cigurandil meupeujeuhan ulah rek mulang deui ka Karajaan.

Mending nyidem ngasah diri jeung deui mupus tapak, sangkan teu diudag-udag ku prajurit urang Majapait. Sabab lamun arapaleun urang teu perlaya tangtu urang Majapait teu weleh nyusul sangkan bener-bener urang perlaya pikeun ngamusnahkeun ingkang rama jeung kula, nya nyamuni tina iburna urang sakabeh perlaya, antukna boh ingkang rama Prabu Linggabuana boh  kula teu marulang deui ka Kawali, da tinangtu di Galuh aya deui nu mupuhuan, ngan hanjakal,  deuleu ku maraneh kabeh kajadianana ngajadikeun nyatru kabuyutan antara Majapait (Jawa) jeung Galuh (Sunda), sanajan enya hal eta kaasup manusiawi, tapi lain eta nu dipiharep.

Euweuh deui nu diseja pikeun nyungsi sajatining diri, eta nu diteangan, hayang apal ka mana jatining diri pangbalikan. Porosot tarumpah kamenakan, ngalepaskeun kadunyaan, ngabagawan ngahiap mapag ka nur jatining diri. Teu ngalandi diri, teu nembongkeun diri, da euweuh nu nganyahoankeun yen kuring Dyah Pitaloka. Kula nu nyungsi diri putri sajati terah Galuh Pakuan.

Dina sajeroning ngalalana, hiji wanci kula leumpang semu ngidul meuntas walungan anjog ka hiji mumungggang pasir nu kiwari nelah Dayeuh luhur ( hiji tempat kaasup wewengkon Jawa Tengah), pilemburan nu  pinuh ku tangkal kawung. Ari jaganing geto di dinya nelah sideumna Prabu Siliwangi, eta ge tetep miceun-miceun salasah, teu jauh ti dinya peuntaseunana deukeut-deukeut ka pulo Majeti, tapi kula teu nincak ka dinya, mulang deui ka Sedong (kampung Sodong). Hiji mangsa kula lugay ka beh kaler, anjog ka hiji tangkal nu keur pinuh ku buahna, ciibun katojo panonpoe, katempona lir inten (ti harita eta tangkal nelah tangkal saninten). Kungsi deui kula molohok tur ngarasa aneh aya kadu cucukna parondok pisan (ku hal eta di dinya nelah jadi lembur Kadu Pandak).

Kula teu incah balilahan tetep tumetep di sakuriling eta tempat nu kiwari katelah KAMPUNG KUTA, nu teu jauh ti KAMPUNG SODONG ayeuna.


III.    SAADEGAN TINA LALAKON

Dasar nu geulis teu pupus ku kageulisanana mangsa ngarundaykeun rambutna dina leuwi, bari ngeueum sadadaeun, dampalna napak dina batu. Rambut baseuh diangir , diluluntur ku daun dadap cangkring, diberesihan ku kembang campaka munding seungit ngadalingding satungkebing leuwi, warna-warni kukupu ngurilingan Nyi Putri tedak menak ti Galuh nu keur ngalunta ngarereb di hiji tempat Sedong pamulihan.

Tina eta kajadian unggal taun dina hiji mangsa nu maneuh, kukupu warna-warni ti saban madhab daratang ka eta tempat murulang deui lir kawas nu geus ditulisan, jaganing geto eta tempat katelah PANULISAN ( kiwari eta tempat kaasup ka wewengkon Banjar).

                                                     
IV.    NGAWISIK DIRI

Mangsa na lumampah, kula ngebrehkeun ka balarea. Satutas kajadian anu nimbulkeun rasa hemeng dina pikiran, nu nyangkaruk dina batin, nu hese disingkahkeun, ngemu kapanasaran, jauh tina sawangan tapi nyatana kitu.

Bubat geus ngaguratkeun na jiwa nurih hate kula sangkan neuleuman tina ieu kajadian, murugulna kahayang nu teu sapagodos jeung Ki Lanceuk di Galuh nu teu satuju leumpang milampah pikeun indit ka Majapait, nemonan pangulem Ingkang Rai nu nelah Hayam Wuruk. Kula karek eunggeuh ngarumpak kapamalian awewe nemonan lalaki, Ahirna kula lumampah, leumpang muru ka beh kidul sangkan anjog ka laut kidul seja muru ka hiji wewengkon, nya Cijulang anu dituju leumpang ngembat  kungsi eureun di Jati Tujuh ngarereb di hiji guha bari neda-neda ka nu Agung,  Si Nyai Dyah Pitaloka neneda sangkan salamet tepi ka nu dituju wates Galuh nu cirina cai ngocor lir tina tikoro ( torowongan alam nu aya di walungan Cijolang nu kiwari jadi wates antara wewengkon Jawa Barat jeung Jawa Tengah). “Anaking Ama lain tega teu babarengan dina lunta, Ama yakin jeung boga kayakinan, hidep bakal tepi ka nu diseja”.

Kula, ahirna tepi ka nu dijugjug nya ka Cijulang tea, di Cijulang tumetep teu mulang ka Kawali, bari kalan-kalan dina sajeroning ngalalakon, sok rajeun Kula leumpang ka sejen wewengkon. 

                                                                   ( ku nimasgaluh )