Rabu, 10 September 2014



Panon Batin

Mangsa ngarandeg na hampalan kahayang
Nyuay na gerentes qolbu
Kasorot ku nur elmuna guru
Nuyun sumujud  ka nu ngusik malikkeun badan sakujur
Pikeun eling sangkan salawasna dikir ka Dzat Nu Maha Agung
Nafas mawa kana panon batin nyaliksik ati neangan tapak tilas nu baheula
Singhoreng gambar-gambar pamusyrikan patulayah  ngabelegbeg minuhan bilik hate
Sang guru wakca, geura tobat tur pepes amarah jeung lawamah
Mibanda hate bersih tur suci sangkan dugi ka Dzat Ilahi
Poma na incak saparipolah ulah gumantung ka sasama makhluq
Teuleuman tekad na talaga kama’rifatan sangkan meunang safa’at di gedengeun Nu Maha Welas tur Asih


MULANG  KA  ILAHI

Tutur Sepuh pikeun rundayan,
Anaking  hidep masing miboga du’a Saepi;
Ngawincik  Saepikiran, ngambah kahirupan,
Neureus kana kolbu ngadep cahaya,
Mupus kamusrikan batin nu nyumput lantip,
Mangka nyangking  akidah  kaRosulan.

Poma hidep kudu boga Kuda,
Dina harti kudu daekan,
Daekan nyuprih tur neuleuman elmu,
Pakakas memeres lahir  jeung  batin,
Gera apal ka diri nuyun mulang ka Ilahi.

(kintunan  ti patapaan lempongsari, ku yayat ahadiat)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar