Sabtu, 10 November 2012


Mairan na kecap “Ari”

Lain kabengbat komo kasasar palias
Nyorang jalan aya rumpilna
Enya ngukur kadali aya na diri
Geuning loba tarahal
Lamun teu apik nyaliksik teu asak ngasakan
Meunangna katideresa ku nu bahula
Bahula na makihikeun hirup
Ari hirup teh nu saha ?

Nu disawang na kongkolak panon
Nu dijeueung na implengan
Murudul guar panglipur
Ngaredes endah wangwangan
Dina jorelatna mawa ciciren
Ari rengkak polah teh tigin na papagon
             (ku nimasgaluh, Nov 2012)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar