Kamis, 17 Mei 2012

IMPENAN NYI PUTRI


Dina hiji sore wanci tunggang gunung.

Lungsur ti kaputren bari disarengan ku Nyi Dayang, angkat ngajugjug ka hiji tempat nu pinuh ku pepelakan kembang. Nyi Putri nyarios ka Nyi Dayang nu disebut Ema, lantaran nya ieu pisan nu ngasuh manehanana ti leuleutik jadi  ngarasa asa ka indung pituin, basana teh : “ Ema, tadi peuting kuring teh ngimpi, panggih jeung hiji nonoman gandang ngangkenna ti palih wetan, neundeun harewos ka Nyai saurna teh, Nyai bade didamel pupujan mustikaning ati”. Nyi Dayang bari ngalenyepan naon nu dicaritakeun ku Nyi Putri, dina hatena ngagerentes ( boa-boa ieu Nyi Putri teh kabengbat ku nonoman nu aya dina ngimpina, beu…tiwas atuh kaya kieu mah ) sarta terus nyarita ka Nyi Putri : “ Euleuh…euleuh Enden ngimpen teh bet ku aheng, eta nonoman teh ngangkenna ti palih wetan , palih wetan mana Enden ? “ . “ Puguh teu nyebatkeun ti mana-manana, ngan dina anggoanana mah eta nonoman teh siga pupuhu nagari, Ema “

              Teu karasa nu galuntreng sajeroning leumpang teh geus anjog ka nu dijugjug nya eta ka hiji palataran anu lega, eta palataran teh teuing ku resik, da asak ngurus, matak betah tumaninah anu keur ngaso, sarta loba rupa-rupa kekembangan anu dipelak. Kembang congkok anu warna bungur harita keur mangkak paselang jeung kembang malati anu sarua keur marakbak, atuh karasana seger kaambung seungit ngadalingding nyambuang ka sabudeureunana.

 Nyi Putri teras calik andeprok na handapeun tangkal bungur anu liuh, Nyi Dayang ge teu tinggaleun nyarengan putra asuhna pok nyarita ka Nyi Putri : “ Enden teu kenging janten emutan, eta mah mung saukur ngimpen “. Nyi Dayang harita muka obrolan, tayohna hariwangeun bisi kumaonam sarta ngagerentes na hatena (Keur geulis teh aya ku andalemi ieu wanoja, saha atuh anu teu reueus kana pribadi Nyi Putri, sanajan putra menak tapi ka somah teu weleh someah, matak bagja upama aya nonoman kabiruyungan). Nyi Putri mairan  pangasuhna sarta pok nyarita : “ Ah, ari teleb mikiran mah henteu Ema, ngan rada panasaran  “,  Nyi putri nyariosna bari ngelemes da katohyan naon nu  dipikiran ku dirina.

Waktu nyerelek ka sorenakeun teu karasa geus wanci sariak layung, Nyi Putri jung cengkat tina calikna, langgeor angkat deui muru kaputren, Nyi Dayang ngiclik ti tukangeunana.

Lalangse muka, bray hiji palataran anu lega, Nyi Putri neang kembang Malati karesepna, teu karaoseun ti pengker aya nu nuturkeun, teu pati lila Nyi Putri ngalieuk siga nu terus rasa, barang breh duanana pateuteup-teuteup, teuteup nu ngandung wirahma tresna, sumarambah rasa misuka nyaliara pada-pada kapigandrung.

Sanggeus leler duanana tina rasa anu aheng, pok eta nonoman gandang teh nyarita : “ Haturan…  wilujeng tepang deui, sumangga linggih, mugia salira betah di ieu patempatan, pun Engkang kalintang bingahna”, bari teu weleh paneuteupna napel kana pameunteu Nyi Putri. Nyi Putri dipelong kitu teh atuh jadi samar polah bari hate dagdigdug teu puguh rarasaan,  ketug jantung ngadadak ngagancangan, aduuuh alah ieung na kunaon kuring teh gerentes hatena. Galindeng Nyi Putri ngawalon panaros nonoman tea : “ Aeh-aeh…Engkang hatur timpah nuhun parantos ngangken ka jisim abdi …nun wilujeng tepang anu kadua kali, hapunten jisim abdi culangung wantun ngalanglang ieu patempatan”. “ Teu sawios-wios malih Engkang nu kedah ngahaturkeun nuhun ka salira nu parantos keresa linggih, namung Engkang teh banget panasaran saha atuh salira teh? Ti ngawitan Engkang tepang munggaran sareng salira engkang ngaraos

 asa aya anu ical tina raga Engkang, nyatana salira Eulis ku anjeun, hapunten Engkang tos beber rahasia ka salira”. Eta nonoman gandang teh nyarios satarabasna naon nu dikemu dina rasana ka ieu wanoja.  Nyi Putri gumujeng ngaraos kayungyun ku kajujuran ieu nonoman, ceuk pikirna,” ieu kitu nu bakal mayungan tur mere warna dina kahirupan dirina teh?”

Nonoman gandang teh teras ngajak ka Nyi Putri ka hiji tempat nu aya di eta patamanan sarta disina calik dina batu lemprah nu geus disadiakeun ti anggalna.  Sanggeus tumaninah calikna pok Nonoman teh sasauran deui basana kieu : “ Sanaos tepang teu acan lami, Engkang bade wakca balaka seja nyimpaykeun kaheman ka salira, salira bade dianggo jimat mustikaning ati pun Engkang bawiraos salira nampi kana katunaan diri Engkang, namung sateuacanna pun Engkang hoyong nguping salira nyebat jenengan supados Engkang teu janten panasaran “.  Nyi Putri nu harita calik andalemi gugon kana piwejang sepuh, ngawalon panaros : “ Upami Engkang percanten,  hoyong uninga nya wasta abdi, sumangga teuing jisim abdi moal sumput salindung, ngenalkeun…nun jisim abdi teh pun Citraresmi ti nagri Galuh “.

Sakedapan eta nonoman gandang  nu taya lian  Raja anom Majapait ngarenjag sataker kebek, salila ieu dirina micangcam hiji lukisan di antara lukisan-lukisan nu lian. Eta lukisan teh nya eta lukisan Nyi Putri ti Karajaan Galuh anu gaduh jenengan  Dyah Pitaloka Citraresmi anu ayeuna aya di hareupeun dirina anu leuwih sampulur ti batan lukisanana. Rasa nu aheng teh mingkin nyaliara ka sakujur awak mapay urat syaraf mawa duriat  ka Nyi Putri, sanajan bari teu kaampeuh nandangan liwungna rasa masih aya karisi tur karempan kana papagon nu nyampak, teu pati lami pok sasauran sarta panangan Nyi Putri diteueulkeun kana dadana  : “ Eulis mustikaning ati Engkang,  siang wengi  longkewang neundeun hariwang ka salira boh bilih aya nu ngewat deungeun, tada teuing Engkang baris gering nangtung ngalanglayung ngemutan salira, salami ieu Engkang micangcam salira saprak urang tepang munggaran di ieu tempat,  upami teu kaabotan iraha atuh urang sakarembong bari nampi ijab Kabul?”.  Nyi Putri ngaraos helok kana kasauran eta nonoman teh, dihenteu-henteu ge dirina teh sarua pada neundeun rasa asih, micinta, tur misuka ka eta nonoman, ngan kawatesan ku kaayaan diri sabage wanoja, sanajan hatena sarua misono ka ieu nonoman tapi teu nembongkeun semu, ngan bareng jeung galindengna eta nonoman wakca ka dirina, Nyi Putri ngadon katuralengan inget-inget soteh ku Nyi Dayang ditanya  : “ Uluh-uluh Enden ngimpen naon deui meni kanjat kagundamkeun ?”.
                                                                                                 (written by nimasgaluh 2012)

.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar