Minggu, 13 Mei 2012

KEMBANG SOCA KADATON SURAWISESA


Kembang Soca Kadaton Surawisesa



Muka tutungkusan carita Pasundan di tatar Galuh, sangkan euyeub na versi sewang sewangan, meunang nyiaran, nyaliksik ti saban nagari, malikan  paguneman, noel carita,  nu geulis boga asma Diah Pitaloka.

Karajaan nu pinuh ku karaharjaan, ayem tengtrem,  sugih mukti,  dipirig dangiang nu mangku kaprabon, beh wetan di tatar Pasundan.  Leuleunjeur ajeg Galuh nu kaseundeuhan para luluhur, nyekel pakem silih ajenan, sangkan waluya sakabeh rahayat, salaras kiceupna dina uga punjungeun gelar linuhung, tapak karuhun nu luhung kaguyur anugrah jucung.

Wanci haneut moyan nyuaykeun ibun, Prabu Lingga Buana nitrenan sagegebeng karaton, leumpang anca dibarengan  Uyut Leuit ka beh kaler, ngaliwatan wangunan kaputren nu dipager awi tunjung, paselang runggunuk kembang malati, kaambung seungit ngadalingding.

“Uyut, pantesna dipelakan kembang Congkok nya,  hareupeun kamer Nyi Ayu Diah Pitaloka teh?” Sang Prabu naros ka Uyut Leuit bari ngarandeg.

Uyut Leuit milu ngarandeg, terus nempo ka hareupeun kamar Nyi Putri, “ Sumuhun Gamparan, pantes nyurup kana rupa bilik kamer, komo pami ditambih ngamparna jukut rane mah deuih!” Harita Uyut Leuit ngawalon.

“Kula teh, lain rek muji sorangan, ieu mah banget ku reueus Uyut, nyaah ku someahna, asih ku andalemina, Nyi Ayu Citraresmi puputon kami, kula sok rempan sieun inyana katideresa, ingggis ku bisi.” Sang Prabu nyariosna semu ngalimba.

“ Aeh-aeh Gamparan mah sok ka mana bae ari sasauran teh!” Uyut Leuit nempas sapadaharita, bari terus ngagalantang deui nyarita, pokna : “ Si Eulis nu amis budi mah, bakal ngahibaran ieu kadaton, mawa waluya ka rahayat, ulah rempan ulah inggis,  Gamparan!”

Sang Prabu teras nyarios deui :” Mangka kitu Uyut, Si Nyai kudu nyangking atikan surti, mibanda pakaya elmu panemu, sangkan ajrih dina ngambah kahirupan,  nu pinuh ku tarahal jalan sorangeun. Kula teh boga maksud Si Nyai rek diungsikeun ka hiji padepokan, inyana sina diatik, diaping bagbagan kahirupan.”

Uyut Leuit kagugu ku cariosan Sang Prabu bari terus ngawalonan : “ Sae pisan eta kamandang teh Gamparan, Nyi Ayu mah da calakan, pada mikaresep,  geura moal teu ditampi ku Sang Wiku, komo ieu mah kembang Kadaton, pigadangeun prameswari agung.”



“Ku kituna Uyut, mangka gentraan si Nyai, diangkir ka Padaleman, Kula hayang papanggih,  geus asa dina juru mata.” Sang Prabu nyarios bari melong leleb ka Uyut Leuit.

Uyut Leuit surti tuluy ngawalon : “ Mangga Gamparan, tinangtu ku uyut Nyi Ayu diistrenan ka Padaleman.”

Harita Sang Prabu  teu kebat ka Kaputren, ngadon nguliwed ngaler, jog anjog ka hiji kulah leutik,  nu caina herang canembrang, breuk anjeunna calik na batu nu  lemprah handapeun tangkal teureup bari ngadaweung. Uyut Leuit teu ingkah, inyana terus marengan Sang Prabu, hariwangeun pedah tara-tara ti sasari, nempo ulat asuhanana kitu peta. Uyut Leuit bari rada ngaharewos, pok nyarita ka Sang Prabu : “ Gamparan teu kenging seueur emutan, Nyi Ayu mah wanoja atikan ingkang ibu, buktosna teu pedah terah kusumah, ka sing saha teu weleh tumanya tur handap asor, kayungyun murangkalih teh, asa hese mendakan nu sami sareng  Nyi Putri mah, estu ieu mah kembang soca kadaton Surawisesa, budi parangi nurun ti tuang ibu, lungguh timpuh andalemi bari calakan, nyarios kewes pertentang mawa komara, sigana mun pareng jeneng nyakrawati ieu dayeuh teh bakal kaseundeuhan rahayu, nerap bagja balarea. Sanes bade ngalem da ieu mah kabuktosan.”

Sang Prabu ngareret ka Uyut Leuit neruskeun obrolan :”Ah, Uyut ngan Uyut nu ku kuring bisa diajak nyarita teh, ieu mah kahariwang jeung kainggis kula ka inyana. Harepan kula, malah mandar si Nyai boga salaki nu nyaah lain pupulasan, piajangeun ngarundaykeun turunan, sangkan ieu Galuh jaya di buana.”

Teu kebat Uyut Leuit nyarita, harita Ki Lengser norojol tanpa larapan, bari sideku ka payuneun Sang Prabu, pok nyarita : “Gamparan, ieu Kadaton teh kasumpingan tamu,  utusan Raja Agung ti Majapahit!”

Hareugeueun nu ngadadak, bari mencrong ka Ki Lengser Sang Prabu nyarios semu teu percanten, pokna : “Nu bener Mamang Lengser, naha enya, aya semah ti nagari anu sakitu jauhna?”

Ki Lengser ngawalon bari pegat-pegat lantaran kasima tara-tara ti sasari Sang Prabu nyarios rada tarik : “ Su…mu…hun… Gamparan.”

Sang Prabu jung cengkat, terus nyarios ka Uyut Leuit : “ Uyut, hanjakal ngobrol teh kapegat, kula rek nemonan heula semah!”

Sang Prabu bari diiring ku Ki Lengser muru pancaniti, hiji tempat paranti narima semah kanagaraan. Teu lila tuluy anjog ka dinya sarta ngagentraan pangawal nitah asup ka semah utusan tea.  

Sang Prabu calik murbayeksa disarengan patinggi karajaan, marentahkeun ka Ki Lengser sangkan semah nemonan kana panyaur Sang Prabu. Uluk panyaur lima semah gentra unjuk salam, Sang Prabu narima uluk salam bari terus cumarios : “Mangga lalinggih sanak baraya, anjeun nu ti mana?”

“Haturan na ucap ihlas sim kuring banget ku bingah kana panampian nu sakitu someahna… Nepangkeun sim kuring saparakanca, jauh dijugjug anggang diteang taya sanes sim kuring teh ti Majapait, sim kuring  piwarangan Kangjeng Raja.” Saurang wawakil semah nyarita.

Sang Prabu sajongjongan ngahuleng na emutanana galecok “…boa boa …dasar nagara nu sarakah ku dunya, ke heula lamun enya rek ngajajah ka nagara aing…” Kitu nu aya dina manah Sang Prabu, nya kitu deui katut para patinggi molohok bari patingrareret. “geura pok kedalkeun naon nu diemban ku anjeun, dasar kana duta ti Raja sampean.”Sang Prabu nalek ka para utusan dina pasemon pinuh ku harisma. Aria Boma pupuhu jagabaya karajaan Galuh milu ngandelan pananya “ Enya geura pok omongkeun naon pamaksudan datang nyemah ka dieu teh?”

Somah ti Majapait nu jadi lulugu diukna ngangsrod ka beh hareup bari tungkul terus ngomong: “ Kangjeng Raja nu dipisanjung kuring moal panjang nu dicarioskeun, mangga ieu, geura tampi seratan dina daun lontar, tawis cariosan Raja sim kuring Raja Hayam Wuruk nu nyakrawati Majapait.” wawakil ti semah ngasor diukna ngadeukeutan Sang Prabu bari tungkul kalayan dua leungeunna ngangkat bari nanggeuy surat tina daun lontar,

Eyang Danu Natapradja sesepuh karajaan Galuh, nu luhung ku panemu, jembar ku panalar, wacis ku harti, jero panenjo, cengkat tina diukna seja narima eta surat nu saterusna didugikeun ka Sang Prabu. Sang Prabu narima surat ti Eyang Danu sarta pokna : “Eyang mangga calik deui…”

Satutas Eyang Danu calik,  Prabu Lingga Buana muka surat lalaunan, breh surat na daun lontar, natrat seratan Raja Hayam Wuruk kalih ditawis oge dicap Karajaan, terus ditingali turta diilo gemet tepi ka rengse. Paroman Sang Prabu ngebrehkeun kabungah tapi teu lila siga ngemu kabingung. Pangeusi kadaton nu keur murbayeksa kabeh malencrong ka Sang Prabu, bari ngadago-dago eta surat diaos malah mandar sadayana uninga kana eusi surat. Ngong aya nu sumaur:“ Rai, pupuhu nagari, papayung sakabeh rahayat, nu wajib dijungjung tur diturut, geura mangga aos eta serat, supaya abdi sadaya uninga kana eusi jeung pamaksadan raja Majapait” Ingkang raka Ngabehi nu gaduh jenengan Dungkut Muntila nu sumanggeum teh.

Prabu Lingga Buana ngadeg tina calikna teras nyarios : “  Dulur-dulur kabeh, kula  ngucapkeun sampurasun ka balarea, nu utama kula nyeluk ka ieu pagempungan, lain wanci lain waktuna, tapi arandika datang nemonan panyaur kula, eta tawis andika mihormat, kana pancen jeung kawajiban,…atuh nu saterusna urang kadatangan tatamu ti nu jauh, enya ti beh wetan ti nagara Majapait. Sakumaha anu geus dipipinyaho ku urang sarerea!“ Prabu eureun heula bari paningalna nempo ka sakabeh nu aya di eta rohangan, terus misaur deui :  “kula ayeuna arek maca ieu surat mangka rareungeukeun masing telik !“ Sang Prabu turun satangga, para patinggi nagari heran, tara biasana Sang Prabu lamun biantara tetep ajeg deukeut korsina, tapi  ayeuna dina arek maca surat, geuning Sang Prabu turun satangga.

“Sampurasun,

Anugrah keur urang Galuh nagara anu sawates ti beh kulon, Kula Hayam Wuruk raja nagara Majapait nepikeun kedaling pamaksudan, nitah duta sangkan mikeun ieu surat. Kula seja mikameumeut tur mikanyaah ingkang putra Kang Pangersa, nyatana nu gaduh wasta Citraresmi Diah Ayu Pitaloka, pikeun dijadikeun garwa ngadeudeul pangeusi kaputren. Mangka kula menta waleran ku digambarna ingkang rai citraresmi putri Kang Pangersa. Kalayan ditutup ieu warkah mugia paniatan aya dina panyambung jadi tali dua karajaan.” Satutas maca surat Sang Prabu calik deui kana korsi, terus cumarios :“ Tah kitu eusi surat teh, cik kumaha ceuk para sesepuh sadaya!”

“ Gamparan, ieu hiji kahormatan pikeun urang sadaya nyatana putra Sinuhun putri nu jadi kembang nagari, rundayan kusumah tatar Pasundan, gurat jeung coretna pinasih siring kayangan, na uga nu pinuh ku kabagjaan. Namung teu kitu, cobi geura angkir incu nu lungguh, wanoja tedak menak, pameunteu mustika kaendahan, pikeun ditaros kumaha jinisna sanggeus ditarosan, urang pada reungeukeun kumaha walerannana.” Uyut Leuit tipayun nu cumarita, dina wanda nu pinuh ku kabungah. “Lain kitu para dulur sakabeh mugia sapamadegan!” Uyut Leuit nalek ka sadayana. Sarerea pada nyatujuan.

Sora kacapi eces kakupingna dina wirahma nu halimpu kalan naek kalan turun disimbutan ngagelikna suling mawa lulugu lagu dangdanggula, dibawa angin ngahiliwir selengseng kaambeu seungit malati, tur dijajap sorot pononpoe nu seseleke nembus runggunukna caringin papak. Langgeor nyi putri sumping diaping pangasuhna teras tedak munjungan ka ibu ramana. ”Mangga calik geulis…..” Sang Prabu miwarang calik. Waktu nu geulis ngalangkung para duta ti Majapait molohok mata simeuteun ningali nu ayu ngalangkung, kataji ku kageulisannana, awak sampulur, sampurna napel na raga bandanna. Sadaya ngembang kadu bari ngagerentes na pikirna sewang sewangan “…na aya ku geulis, estu euweuh cawadeun, lain cenah lain beja sarua jeung seah iburna di Majapait, paingan Panutan kula kuat ngirim surat seja ngalamar. Pantes matak betah nu ningali, poho kana sagala karibed dunya, ituh geura ana imut hate jalma pasti seseblakan…”

“Rama… aya pikersaeun naon nyauran Nyai sanes dina waktosna? Sarengna deui euleuh-euleuh geuning sadaya para sesepuh karempel, ditambih aya semah nu ti palih mana Rama…? Nyai banget ku reuwas. ” Nu geulis Citraresmi naros ka tuang rama.

“Sukur geulis anaking pupujan ati ieu nagari, enggal tumaros, teu kenging reuwas tur gimir. Rama ngangkir salira taya sanes pedah geus tilu kaliwon Nyai nyungsi diri, kumaha cageur?” Sang Prabu malik naros.

“ Aya hibar pangdua ti sepuh sadaya tur  kinasih ti para luluhur Galuh nu ngasuh kana kolbu sumarambah ngaping putra nyatana Nyai, damang teu kirang sawios-wios.” Nyi Putri ngawaler kana panaros ramana.

“Anaking buah hate ama jeung ibu, diangkir linggih lain wanci, diondang datang lain waktuna, taya lian urang sadaya kadatangan semah ti Majapait  mawa surat anu eusina  panglamar ti rajana, nu gaduh ngaran Hayam Wuruk, mileuleuheungkeun hidep, seja dijadikeun prameswari. Ama, ambu oge para sepuh sadaya teu bisa mutuskeun gancang narima, da kaputusan aya di hidep. Anaking …” Sang Prabu liren heula cumariosna, teras neuteup ka putrana, nu diteuteup luk tungkul bari ramo-ramo pananganna ngome tungtung karembong. Sang Prabu nyusul saur: “ Anaking Ama hoyong nguping waleran ti Nyai, heug geura wakca ayeuna…!”

Sakedapan Nyi putri ngahuleng ngaraga meneng nguping kasauran nu janten ramana, manahna galecok antara narima jeung nolak panglamar nu mileuleuheungkeun dirina, hese pijawabeun nu merenah. Sang Prabu surti kana naon nu dikemu ku nu janten putrana sarta pok deui nyarita: “ Anaking teu pisan-pisan Ama bade maksa hidep, ieu mah sakadar  neruskeun pamaksudan utusan semah ka ieu kadaton.”

Dasar tedak menak, asak ku atikan sang Ibu, Nyi Putri bari halimpu ngagalindeng, pok sasauran : “ Ama sembaheun sim abdi di dunya, Ama oge Ambu nu parantos ngurus Nyai ti awit alit tug dumugi ka kiwari, Nyai moal baha piwejang sepuh, Nyai rumaos hiji istri nu masih keneh tebih tina harti jauh panemu, sateuacanna neda dihapunten bilih aya talajak sareng ucap nu  teu sapagodos sareng manah Ama. Dina leresan ieu Nyai ngiringan sapangersa Ama katut sadayana.” Kitu kasauran nu geulis Citraresmi ka nu janten ramana, Atuh Prabu Linggabuana mesem leleb bari sasauran basana kieu : “ Sukur geulis, ari Nyai geus boga kaputusan mah Ama jeung sakabehna moal maksa, l;amun Nyai teu panuju, pameunteu Sang Prabu marahmay, atuh sarerea oge  nu nyaraksekni harita  milu bungah.

Dina waktu anu tangtu tur meunang ngitung paririmbon karuhun, juru gambar kahot kadaton Surawisesa mimiti nembongkeun kaparigelanana pikeun ngalukis Nyi Putri. Dibarengan ku hate deg-degan lantaran loba kapaur sieun nyalahan, juru gambar kalayan tarapti jeung telik, harita  Nyi Putri dilukis dina tilu posisi, pameunteu imut ngagelenyu,  tembong dangiang galeuhna Galuh.

Juru gambar ngarengsekeun eta lukisan kurang leuwih dina waktu sabulan,  balas ku hamtem bae  dipupusan inggis teu sarua jeung aslina. Estu kageulisan Nyi Putri lain cawadeun, bari timpuh andalemi teh ana sasauran matak dedengeeun. Atuh  leungeun Ki juru gambar teu weleh geumpeur tur kaweur saban neueulkeun paragi ngagambarna.

Lukisan Nyi Putri  didangdanan dina pigura, sarta dibungkus ku kaen sutra warna koneng, nu ditaretes sulam  kembang malati. Sang Prabu Linggabuana ku anjeun nu mikeun eta lukisan ka semah utusan tea.

Teu kacatur di jalanna, lukisan  Nyi Putri parantos aya di payuneun raja Hayam Wuruk, kalayan rintih lalaunan bungkus pigura teh dibuka, ana breh katingal eta lukisan nu aya di jerona. Raja Hayam Wuruk sajongjongan ngembang kadu, bari mencrong anu teleb kana eta lukisan. Sakedet netra aya nu nyeredet kana hate nu moal bisa dikobet, sumarambah kana bayah, ratug tutunggulan na jajantung teu kabendung. Nu nyarakseni di dinya bati elekesekeng ngemu kapanasaran, naon nu sabenerna ditingali ku Sang Prabu.

Sumirat sarangenge dina wanci haneut moyan karaos ku Sang Prabu matak nyegerkeun salira, teras angkat teu pati lami jog anjog ka hiji patamanan anu harita katingalna keur marakbak kembang nu ligar. Anjeunna jen ngajanteng paningalina awas ka sabudeureun, ana ret ka tebeh kulon socana ngarijep sakedapan, neges-neges naon anu katingal, bet siga aya wanoja nuju calik dina batu lemprah, eta wanoja teras ngadeg, langgeor  angkat bari kepat eundang ngajugjug ka hiji talaga leutik nu aya di patamanan,  breuk calik andalemi sisi talaga, pameunteu nu ngadaun seureuh teh luk tungkul kana luhur beungeut cai, ramo-ramona  nu lelencop tingborelak katojo cahaya panon poe nyuaykeun cai, teras tamas, teu karaoseun ti beh wetan aya nu nyerangkeun. Sang Prabu ngaraos panasaran saha eta wanoja teh, nya anjeunna teras nyampeurkeun maksudna rek tumanya, siga nu terus rasa nyi wanoja nu nuju tamas teh lalaunan  nyengkatkeun pameunteuna, barang  breh… paadu teuteup… duanana molohok ngembang kadu, masing-masing na dirina sewang-sewangan  pada-pada ngemu rasa nu aheng. Soca nyi putri nu cureuleuk, sorotna lir inten tinggurilap  nembus kolbu, neumbag  rasa, ngendagkeun rasa guligah manah  Sang Prabu, sadar ku anjeun pok bae Sang Prabu naros nyi putri tapi teu kebat kabujeng aya nu nyalukan hawar-hawar.

  Pinisepuh karajaan Majapait reuwaseun pok nyarita bari rada asa-asa :’ Ngger Sinuwun, ku naon bobor karahayuan salira bet kapidara, geura uningakeun ka sadaya abdi-abdi, gambar naon anu katingal ku salira teh?”

Prabu Hayam Wuruk ngarenjag, sawanganana ka tanah Pasundan kagareuwahkeun  sapadaharita,  bari  ngelemes semu isin anjeunna sasauran : “Ah, sanes nanaon ieu mah Eyang.” Ngan sakitu ngawalonna eta Sang Raja teh, lantaran teu kaampeuh geter rasa nu aheng tadi nyaliara sakujur awak, mapay urat nu teu parat, neundeun liwung kapigandrung ka nu geulis Nyi Ayu Diah Pitaloka, wanoja tanah Pasundan, ngolebat mumbul na embun-embunan hemeng satungtung deuleu. Aduh Gusti geuning kieu karasana katarik ati kapentang duriat, teu wasa lamun teu laksana, asa moal aya gantina. Kitu nu aya dina galecokna manah Sang Prabu. Nu nyarakseni beuki bingungeun kana polah Sang Prabu, antukna pinisepuh karajaan nu tadi nalek mere bewara, sangkan nu araya di dinya mulang ka satempatna-satempatna. tuluy eta sesepuh karajaan teh nyampeurkeun sarta miwarang ka Raja Hayam Wuruk kedah ka pajuaran, ngarasa hariwang bisi raja anom   katiwasan sarta ngarasa panasaran gambar naon  nu ditempo ku Sang Prabu teh? Satutas nempo eta gambar, pinisepuh karajaan Majapait surti sarta terus rasa kana naon nu nuju digalih ku asuhanana, nya anjeunna sasauran rada halon malar teu ngabaribinan : “ Ngger, boh bilih bae janten emutan, geura wakca anaking naon nu dikemu ku salira, Eyang moal ngabibisanii, bawiraos Ngger ku anjeun dugi ka kiwari teu acan kagungan prameswari, pami tea mah eta wanoja nu aya dina gambar parantos cop sareng lelembutan salira, tangtos Eyang ngiringan naon nu janten  putusan  Ngger.” Prabu Hayam Wuruk sakedapan ngahuleng teu lila pok sasauran, basana kieu : “ Eyang, geus waktuna kula ayeuna rek wakca naon nu disidem dina hate, sabenerna samemeh nempo  ieu gambar Nyi Putri Pasundan, kula geus neundeun hate ka ieu nyi mojang  sanajan  can  papanggih jeung dirina,  miharep sangkan  rido dipibojo malar rek didama-dama piajangeun ngarundaykeun turunan Majapait, kula banget hayang geura panggih ngan kudu kumaha carana, Eyang? Muga dina hiji mangsa  kula jeung nyi putri  baris tepung lawung, mageuhkeun jangji pasini.

“Ngger, ieu mah manawi bahan katampi, saur  pamendak Eyang mah ulah dilami-lami, Ngger enggal geura ngintun utusan kanggo nangtoskeun tali wiwitan dua karajaan agung ,ngalangkungan dahupna Salira sinareng Enden Putri,  putraIng Pangersa Sinuwun Prabu Lingga Buana kembang Kadaton Surawisesa”. Harita pinisepuh Majapait masihan pamadeganana.              



                                                              Jatinagara GALUH, April 2010
                                                              Written by nimasgaluh





                                                       

                                                     

Tidak ada komentar:

Posting Komentar