Senin, 25 Juni 2012


NU NGALALAKON

Runtuyan ka 1

Geura bejakeun ka balarea nu nyangkaruk di tatar Sunda sangkan tatar Sunda nanjeur, kudu pageuh dina nyekel wisit tali paranti nu meulit na iga-iga kujang, sangkan aranjeun sakabeh nyaho, patok nanceb mere ciciren kahirupan nu ngocor ti Galuh Pakuan, nyebar ka tatar Sunda yen urang Sunda sieup nyeuseup, saidek saigel, sausum sajaman, sahate sahadatian. Runtuyan na rumangkak urang nyakseni jiwa jeung raga kudu uluk salam salalamana, nyungkar sumbar mere cahya kahirupan, ulah arek silih siku , silih sepak, ulah arek ulu-ala mun lain alaeun, ulah unggah lamun lain hak udageun.

Datang mangsa hirup dipipindingan kedok, dasar geus teu apal kana wiwaha, padahal dina runtuyan ku urang Sunda, datang na pasemon beungeut marahmay , datang kana impungan seja tandang mawa dada nu pinuh ku dangiang , dangiang  na watek opat acining kahirupan, pancerna dibarengan ku malaikat.

Alam nanjeur pinuh ku gugupay, ngahiap-hiap sangkan aranjeun sakabeh ulah adigung adiguna, asa aing uyah kidul. Amparan meber ka kaler, ana dibuka loba biwir nu dalower, antara luhur jeung handap aya rohangan anu kudu dieusian, apal ayana, aya nu ngariksa, ngapit tur nuyun ngaluluntur qolbu, seja mideuheus ka nu mere nyawa ka sakabeh nu gumelar di alam padang, paragi nyebar pepelakan sangkan ngahasilkeun bende kabuyutan. Ambeh waruga guru teu ngelas jeung teu ngabeda-bedakeun mana cacah mana menak na harti tetep tumetep silih ajenan, ngudag adil paramarta, among atma ngajiwa Ki Sunda tiis lir disimbutan ciibun.                                                                                                                                    

Runtuyan ka 2

Heug geura harudang nyanding dina wawangian sangkan ieu buana kapayungan dipayungan ku katengtreman, rahayat ma’mur rea ketan rea keton towong ti rampog jauheun ti sirik pidik jail kaniaya ka pada sasama, pakemna hate arandika eusi ku teu weleh ngadeukeutan ka nu nyiptakeunana.

Ari upeti taya lian nganteurkeun marahmayna beungeut dipasieup ku omongan anu jauh-jauh kana pangarahan, lain harta lain duit ari upeti teh. Cai ngocor ti tonggoh ka lebak hartina nu keur nyekel kalunggguhan kudu nyimbeuhan ka rahayatna, poma lain sabalikna, rancage ngolah rasa da jalma mah sarua, bane wae malah mandar dipikacinta ku ra’yatna.

Ulah rek ngagunasika kana tutuwuhan anggursi ku basa pamali miara sakabeh tutuwuhan, anu disuprih alam kaGaluhan, alam Parahyangan, alam kaSundaan teu ruksak ku alatan urang sakabeh.

Ti Kawali indit nyuprih diri, ngudag wewengkon ka beh Bojong, ieu taya lian nalikeun urat-urat uga, nyusul tepus kabagjaan pikeun karajaan, anteng melong bari sila makprak, leungeun sumeja tumarima ka nu ngusikkeun jeung malikkeun, nu dipalar rundayan sakabeh murbayaksa pikeun ka harepna dina ngeusian ieu nagari, geura wewegkeun lima tangtungan saperti datangna katumbiri ti sumur pancawarna, ngan aya nu dipikahariwang ku kula, ana ditanya urang Sunda teh saha? Urang Sunda teh mana ? Dijarawab ku biwir nu rarombeng, pasti moal katimu jeung jati diri wawangian, da teu kahontal teu kausap, bongan arandika teu ngaji jeung teu diaraji tutungkusan karuhun, paku kaGaluhan panca di buana. Inggis jeung risi kula bisi kaalaman ku rundayan kula nu teu anceg teu ngawatek”Pakena Gawe Rahayu Pakeun Heubeul Jaya di Buana” bari paur nangtung ngajunggiring pangadilan lir raksasa, tapi kaadilan euweuh . Nu pinasti rasa-rasa batin manusa katideresa, naha hade ngolah nagari kitu?

Ceurik sumegruk samemeh lunta tina sila mangnyaahkeun, mangdeudeuhkeun, kinasih teu tepi kana ati, ngan cangkang nu nyimbutan, beungeut nyanghareup ati mungkir, atuh pamohalan urang Sunda nangtung reugeujeug pikeun ngolah nagari.

Geura sing sauyunan silih jait bisa mihapekeun diri, nyurung-nyurung papak ragem pikeun ngama’murkeun ieu tanah kaSundaan, ulah rek nyingkah bali geusan ngajadi, sakumaha anu geus digelar, da urang teh dulur sadulur pet ku hinis. Buktikeun tata titi duduga peryoga laer aisan, silih asah silih asih silih asuh ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak, babarengan satanggungan sasuhunan, ana ngigelkeun lengkah seja ngisikan, geura urang Sunda pasti tandang mayungan di alam anu engke ka hareupna.   

  Runtuyan ka 3  ( Hemeng ???)

Udageun mangsa ngigelan jaman ngawangun buana sangkan ngarundaykeun kahirupan muru sumebray dangiang kencana, sugan jeung sugan. Rundayan  ngawatek wangina kusumah, ngahiab satatar Sunda, bakal nyuprih nu ngalalana ka kulonkeun.

Lawang Gintung disarungsum lemah, pikeun ngajadikeun ciciren na wangsit :  “lugia na mahayu atmaning rasa gandrung, rumpaka wrea jinis lanang lan sakabeh wuri-wuri nyindem alang kapimalang, watu ajeg cakra brata, nepus puseur bumi rumeunjeug kadaton”.

Rampak ragem ngalelemah, mupakat ngaguar batu ngadegkeun lembur pilemburan, sangkan bisa mere ajen mibanda hiji nagara, tapi teu lila tina bingbilangan waktu jeung taun, aya bencana urugna taneuh.

Munjung karahayuan muntang darajat kamulyaan, sawer rasa disimbeuhan amis budi, panenjo nungtun tali wali sukma rasa, kalis ti kitu bakal muncul nu ngaropea Sunda Dwipayana nu rumanggeum astakalih keuna kana waris jeung hakna, budak nu seukeut panenjo, balabah ka cacah, ngurung buana pikeun kahirupan jasad nu kumelendang.

Na lamping jeung lengkob Sipatahunan nyutat kedaling rasa pirasa, ngaguruh na pantun ladrang, ngajirim minuhan aweuhan pikeun dipesek ku rundayan sakabeh. Cilengkrang ngangkang ngadeupaan tali aji-aji nu dipalar nyambuang seungit silih wangi, mere pamor ka Sundaan digeberan ku hanjuang sataman.

Cukang Cisarua nungtun lengkah, jog anjog ka Gunung Batu, nafas jero sarua jeung jerona kaheman ka lemah cai, gening rek datang semah, pinuh pepelakan, ana panen dibawa ka nagrina, urang pituin molohok diranjah jatining hirupna, jati kasilih ku junti. Bongan arandika sakabeh hirup geus teu adu manis na basa jeung budayana, padahal urang sakabeh leumpang na kendang cianjuran, poma ulah digoongan ku igel topeng, ahirna hirup patojai’ah.

Bakal deui panggih nu hirup na jamanna, nu nabeuh-nabeuh nu ngampar-ngampar nu seubeuh-seubeuh nu lapar-lapar, nu diudag ngan dunya wungkul bari jeung teu enggeuh ti mana wiwitanana asal buncireung beuteung ngagedean. Ku naon teu arera ana diuk na amparan mendong anu bodas, geura tungkul sangkan hirup teu sisidueun, pongpetna hate karasukan buta durujana.  

Runtuyan ka 4

Naratas qolbu ka sakabeh manusa nu sajajar rampak na hirup kumelendang di alam pawayangan. Harti nukil hate bisa mawa awak na hirupna ngawarnaan pikeun rumeunjeugna tina olah rempug jukung, nu diseja sangkan jalma asup tingkatan kelas wajib, dina harti ayana dipikaresep tur dipikaajrih , na suwungna ditatanyakeun.

Beurat mawa awak ! Komo lamun ngaku satingkat ti cacah, padahal nu ngabedakeun tindak-tanduk dina ngambah kahirupan anu teu weleh miboga sifat landung kandungan laer aisan. Poma ulah arek ngagul-ngagul turunan da nu dipalar mah lain kitu sarua jalma mah wedalan ti Nabi Adam. Jadi urang teh turunan Nabi, nyatana Nabi Adam. Hade ngagulkeun turunan lamun dina rengkak paripolahna pinuh ku jatining hirup jeung huripna, masagi dina sapopoena, tur tuyun turunan nu sejen, sangkan bisa sarua satata nyata, waluya dina ngeusian ieu nagara, dipahing rundayan-rundayan nu aya di tatar Pasundan ngarasa ieu aing pangpunjulna. Padahal leumpangna rundayan teh jang ngeusian alam Pasundan ku anu ahirna sabeungkeutan.

Meunang boga ciri masing-masing unggal rundayan oge, memang eta diolah kudu kitu, sangkan bisa ngeusian kahirupan, ngahijikeun ciri masing-masing, budaya masing-masing pikeun jadi sabeungkeutan. Mawa wawangi pikeun diambeuan ku saalam jagat raya. Sabab papagon dina unggal rudayan, lamun ditarik dina nafas Galuh surti, aya ucap nu kudu dipake dina saban- saban kahirupan, taya  lian kudu BENER. Ari Bener lain ceuk sorangan tapi kudu ceuk dulur baraya sakabeh. Naha atuh kudu rame bari jeung parasea??? Sakapeng hemeng naon udageunana ??? Nu aya pinasti para rundayan teu ngahiji, atuh iraha wedalan rundayan Sunda anu jadi papayung nagari ??? Geura sok talafakuran, sidem amarah nu bututna, kaluarkeun sing ngajaul nafsu nu alusna, sangkan alam Parahiyangan katojo ku balarea.

Saung lisung nungtun na lumaku, sorana mawa katresna sangkan nyaah ka sakabeh rundayan, na lengkah dikurung ku nyiru tempat napian, mangka bakal katempo mana serah mana beas. Ana leumpang tipeuting dioboran ku obor nyamu, leumpang tandang da mawa hate anu caang bari nyoren kaneron nu tara ditutup salawasna muka, dihihidan ku kulit upih, rancatan tina haur, lulub meulit panyangkeh babawaan.  

   Runtuyan ka 5 ( Ningali ka hareup)

Lulugu runtuyan para sepuh mere alur pikeun hirup ka hareup sangkan miang ti pamidangan na nete lengkah ngajeungkalan,  ngahontal karaharjaan, ulah rek nyimpang tina papagon da ari hirup teu weleh dipager ku asmaning kalayan tamada ka AnjeunNa, mileuleuheung waris tur hakna bari jeung teu weleh urang angger kudu ngaca ka alam anu geus kalengkahan.

Kalentong ngadalian jeung mere jejer pikeun tandang, ngaraut kahirupan nyaliksik surti ti mana cai ngocorna.

Muntang ka papayung Agung nyantelkeun ati ka Ilaihi Robbi, sangkan na lengkah teu papisah jeung kalangkang dirina, payus na renghap nu teu weleh jumerit ngagentraan asmaning pinunjul Alloh Robbul Izzati, ulah poho na rek ngalengkah mimitian ku ngucap “Bismillahirrohmanirrohim”, dibarengan lengkahkeun suku nu katuhu pikeun ngeuyeuk ieu alam nu geus diwariskeun ku Alloh ajang umatna ngarah ma’mur raharja, kacangking dina ngaleugitkeun kawaluratan nyingkahan kakufuran. Nyatana urang boga alam anu endah, dipaseuk ku gunung-gunung nu parentul, amparan laut nu lega, talina walungan anu arula-arileu.

Rancage dina gawe, lalaki jeung awewe taya bedana ngaguar anu nyampak di alam maya pada, ngetrukkeun kabisa sewang-sewangan malah mandar, hususna alam parahyangan umumna ngalegaan nu kawegngku Bhinneka Tunggal Ika, jadi hiji nagara nu nangtung rumeujeug, nu kuat ku kama’muranana, nu aya na jejer pertiwi, eta sakabeh pikeun hirup ra’yatna.

Ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara moal rumahuh da sakabehna nyaho kana ugeran masing-masing, taliti tur ati-ati ngabedah ieu kandaga sangkan layar meber, ngajauhan babasan maung sarungkun.



RUNTUYAN KA 6
Cai saleguk maseuhan tikoro, dina cangkir batok kalapa wulung.
Implengan jauh ka hareup, nu ditulis bari nulis ku ruhay batok kalapa pikeun norehkeun keur arandika natrat dina awi tamiang, mumusti neda ka Yang Widi nu dipalar ku AnjeunNa mere tur ngagelar tina cahya na jero cahya, cahya nu marengan cahya, cahya di antara cahya, ngabeset na lulugu opat siku ti karosulan, wewegna ieu alam bakal tambah weweg tur tasbeh salalamina sarta moal kaluar ti sunatulloh.
Adab nu kahiji ulah rek ngaberung ka indung nu ngandung, anggur kudu milu na tuyunana, bari acining galih minuhan kaasih, kadeudeuh, lan kanyaah, nyeuseup anteb  nyebarna cisusu indung, sangkan hirup  teu kapahung, penta do’a indung penta rido indung penta welas asihna.
Asma nu marengan pikeun ngarapet kahayang nuju kahirupan ti awit bibilintik ngaji diri sangkan ulah poho ka lemah cai, leumpang lelengkah halu jumarigjeug mawa kahadean. Dharma hirup nyangangan na ieu alam, harepan ngawaris ka anak incu tur ka balarea, ti lengkob puseur Kawali.
Nyanding bapa nu ngayuga maseuhan tanaga kadewasaan malar adil palamarta, tandang leumpang teu kagok dina lengkah, teu sieun dina reureuh, teu rumenjag dina sila ana nepungkeun diri ka Yang Maha Agung, horeng hirup nyorang heula papait. Upama dilenyepan eta sakabeh, umpakan na ngawewegkeun jati diri, modal utama urang sangkan teu adigung adiguna, teu weleh handap asor di mana urang papanggih jeung kamulyaan hiru tur berehan ka balarea.
Reungeukeun na alam lalakon hirup, bisi tinemu jeung nete semplek nincak semplak, poma ulah arek aral subaha komo peunggas harepan, bawirasa sing deukeut ka Yang Widi anu geus mere hirup na kahirupan. Atuh upama hirup meunang kasinugrahaan kade ulah poho ka jati diri, nu perlu ku urang diaji hirup teh perlu perjoangan, da jamparing ge ngabelesat tina gondewa tetep kudu ditarik heula, mukti wibawa teangan masing bisa dipiboga pikeun jadi kembang kahirupan ka hareupna.
                                          (Jatinagara, 2012 ku nimasgaluh)

                                                                          

Tidak ada komentar:

Posting Komentar