Ngagali peupeuyeuman nu geus ratusan
taun disidem, kiwari diguar malah mandar jadi cacaang, ka sing saha anu
ngagunemcaturkeun hiji kajadian nu dibere ngaran Perang Bubat.
Sampurasun…
Lawang saketeng kiwari dibuka dina enas
galur intina, nalika Majapait nu diluluguan ku Hayam wuruk nu gaduh papatih
Gajah Mada. Hiji kaayaan nu tempatna di wewengkon Jawa Timur, masih na amparan
hiji nusa atawa pulo, di Beulah kulon kacatur aya hiji wanoja nu kawentar ku
kageulisasanana, turunan rundayan ti hiji pamangku karajaan Galuh Kawali, ieu 2
karajaan boga kamerdekaan masing-masing.
Dijentrekeun karajaan nu di beulah
kulon teh, nya dipupuhuan anu gaduh asma Prabu Maharaja Lingga Buana, astakalih
putrana nu binekas wastana Dyah Pitaloka Citraresmi. Nya, Nyi Putri ieu pisan
anu ngajadikeun Raja Hayam Wuruk gering nangtung ngalanglayung, kabungbulengan
rasa nu anteb katresna nu teu kabendung. Teu dicaturkeun kumaha mimitina, nu
eces ti Galuh arindit ngetankeun diwuwuh ku sahampalan prajurit.
Cag…tunda da geus tepi ka wewengkon nu
geus diperenahkeun.
Hayam Wuruk bungah anu dianti-anti geus
cunduk, sakumaha ilaharna tur geus disayagakeun ti anggalna, rek dipapag ku
kahormatan karajaan, nya harita direureuhkeun heula di tempat anu ngaran Bubat
tea, lilana eta ngareureuh 7 poe bingbilangan.
Dina waktu keur nungguan bingbilangan
kana tujuh poe, nya aya nu daratang nu ngakukeun utusan ti majapait, ti dinya
kajadian gunem catur antara anu ngakukeun utusan ti Majapait jeung ti pihak
karajaan Galuh. Ti pihak karajaan Galuh tetep ngadagoan nepi ka 7 poe sakumaha
anu geus dirarancang tea, sedengkeun ceuk utusan nu ngakukeun ti Majapait kudu
harita indit ka karaton Majapait kalawan
nembongkeun surat anu dicap karajaan . Ku lantaran dina adu renyom eta
pada-pada embung eleh, nya antukna kajadian garelut anu kiwari disarebut Perang
Bubat.
Dina ieu hal urang lenyepan kumaha
posisi Gajah Mada anu sabenerna? Nu
datang ka eta tempat teh utusan anu ngaku-ngaku Patih Gajah Mada . Patih Gajah
Mada anu asli harita disamunikeun ku kelompok nu ngayakeun makar ka dirina,
kadatangan rombongan ti karajaan Galuh Kawali anu tujuanana rek ngadahupkeun
antara Raja Hayam Wuruk jeung Putri Sunda, dijadikeun kasempetan ku
maranehanana. Ieu hal dilantarankeun aya intrik politik anu memang
teu resepeun kana ketak pulitikna Gajah Mada anu mangsa harita keur
ngagedurkeun sumanget persatuan Nusantara.
Hampura
ka balarea, lain rek megatkeun baraya katut rundayan tapi kitu igelna kahirupan
nu geus kajamanan. Dina lolongkrang, renghap na nafas, nu tagiwur ku rasa,
nyidem asmananing titis tulis, ngahanca lengkah pajueun hirup, sanggeus ngukur
lampah. Muru ngetan seja nemonan pangangkir hiji raspati nu ngaguar tur
mupuhuan Karajaan nu nelah tanah Majapait. Teu kaungkab dina rasa, teu kajudi
dina hulu kolbu, estu mangsa nu nyerelek mawa poek. Sugan , pedah hate kebek ku
kabungah diangkir ku pupuhu nagari anu didadasaran ku kameumeut rasa kacinta,
tapi dalah di kumaha??? Anjog ka hiji tempat, eta mustika kabungah sirna, nu
aya ngajadikeun hiji gurat kapeurih, kapait, jauh tina lukisan nu minuhan rasa
nu dipiboga ku sakabeh manusa, nyatana ngagedur rasa katresna. Sanggeus apal
pasungsang dina nyatana, ngabela hirup nangtungkeun hiji ajen pinajen, anu
kacangkalak ku napsu kadunyaan, ngadhohirkeun nepi ka ngaleungitkeun, ngaku
satria, nu aya nimbulkeun rasa haweuk, ngajauhan tur ngaragragkeun komara
maranehanana nu moal leungit, geus ngawewejet nepi ka moal lila deui nagarana
ancur tideuha tina jangji nu sulaya. Geura heug tarempokeun ku dulur-dulur
sakabehna. Ahirna medar jurit pikeun ngabelaan basa nu cenah diangkir kalayan
ngemban kaajegan nagara sewang-sewangan, ngaliurkeun rasa kaheman. Teu loba
balad nu milu lumampah, matak teu kasebut tur teu bisa dilandi naha nu kitu teh
perang? Da ceuk kuring luyuna mah disebut campuh garelut nu teu saimbang.
Ngorolos nyalametkeun diri, paburencay, pikeun ngaleungitkeun raratan, aya nu
salamet aya nu perlaya. Ngejat muru jalan ka kulonkeun malikan jalan nu geus
kasorang, patebih jeung ingkang rama, dibarengan ku dalapan para dayang, teu
kasusul teu kaberik, teu ngarasa aya nu ngudag, katipu ku panyamaran, malih rupa sangkar kurungan. Moal loba nu
dicatur sanggeus tepi ka nagari deui, geus diniatan ti dituna moal arek ka
Kaputren deui, seja lunta ngawisit diri, pikeun neangan jatining leumpang ka
pamulangan. Na hiji dadampar ngarandeg rareureuh ( kiwari eta tempat disebut
Randegan) teu jauh ti tempat ka luarna cai nu ngaburial lir kaluar tina tikoro
( kiwari disebut sanghyang tikoro sanes sanghiang tikoro nu aya di walungan
Citarum tapi torowongan alam nu aya di walungan Cijolang nu ngawates antara
wewengkon Jawa Barat jeung Jawa Tengah panjangna kurang leuwih 500 meteran).
Maju deui lalampahan, mangsa nu aya harita maju ka sareupna, dina gembolan
dikaluarkeun makuta ( kiwari eta tempat katelah Kampung Kuta), ciciren putri
nagari. Bubuara di dinya rada lila, nempatan sedong dina batu ( kiwari eta
tempat katelah Kampung Sodong), bisa mamprak sila nu tumaninah komo deui pami
emok. Timbul kasono na hate hayang lunta, nempo nagara tapi haben ditahan,
dikuat-kuatkeun, teu mere beja ka sasaha , nya kitu deui ingkang rama waktos
tepang di Cigurandil meupeujeuhan ulah rek mulang deui ka Karajaan.
Mending
nyidem ngasah diri jeung deui mupus tapak, sangkan teu diudag-udag ku prajurit
urang Majapait. Sabab lamun arapaleun urang teu perlaya tangtu urang Majapait
teu weleh nyusul sangkan bener-bener urang perlaya pikeun ngamusnahkeun ingkang
rama jeung kula, nya nyamuni tina iburna urang sakabeh perlaya, antukna boh
ingkang rama Prabu Linggabuana boh kula
teu marulang deui ka Kawali, da tinangtu di Galuh aya deui nu mupuhuan, ngan
hanjakal, deuleu ku maraneh kabeh
kajadianana ngajadikeun nyatru kabuyutan antara Majapait (Jawa) jeung Galuh
(Sunda), sanajan enya hal eta kaasup manusiawi, tapi lain eta nu dipiharep.
Euweuh
deui nu diseja pikeun nyungsi sajatining diri, eta nu diteangan, hayang apal ka
mana jatining diri pangbalikan. Porosot tarumpah kamenakan, ngalepaskeun
kadunyaan, ngabagawan ngahiap mapag ka nur jatining diri. Teu ngalandi diri,
teu nembongkeun diri, da euweuh nu nganyahoankeun yen kuring Dyah Pitaloka.
Kula nu nyungsi diri putri sajati terah Galuh Pakuan.
Dina
sajeroning ngalalana, hiji wanci kula leumpang semu ngidul meuntas walungan
anjog ka hiji mumungggang pasir nu kiwari nelah Dayeuh luhur ( hiji tempat
kaasup wewengkon Jawa Tengah), pilemburan nu
pinuh ku tangkal kawung. Ari jaganing geto di dinya nelah sideumna Prabu
Siliwangi, eta ge tetep miceun-miceun salasah, teu jauh ti dinya peuntaseunana
deukeut-deukeut ka pulo Majeti, tapi kula teu nincak ka dinya, mulang deui ka
Sedong (kampung Sodong). Hiji mangsa kula lugay ka beh kaler, anjog ka hiji
tangkal nu keur pinuh ku buahna, ciibun katojo panonpoe, katempona lir inten
(ti harita eta tangkal nelah tangkal saninten). Kungsi deui kula molohok tur
ngarasa aneh aya kadu cucukna parondok pisan (ku hal eta di dinya nelah jadi
lembur Kadu Pandak).
Kula
teu incah balilahan tetep tumetep di sakuriling eta tempat nu kiwari katelah
KAMPUNG KUTA, nu teu jauh ti KAMPUNG SODONG ayeuna.
Dasar
nu geulis teu pupus ku kageulisanana mangsa ngarundaykeun rambutna dina leuwi,
bari ngeueum sadadaeun, dampalna napak dina batu. Rambut baseuh diangir ,
diluluntur ku daun dadap cangkring, diberesihan ku kembang campaka munding
seungit ngadalingding satungkebing leuwi, warna-warni kukupu ngurilingan Nyi
Putri tedak menak ti Galuh nu keur ngalunta ngarereb di hiji tempat Sedong
pamulihan.
Tina
eta kajadian unggal taun dina hiji mangsa nu maneuh, kukupu warna-warni ti
saban madhab daratang ka eta tempat murulang deui lir kawas nu geus ditulisan,
jaganing geto eta tempat katelah PANULISAN ( kiwari eta tempat kaasup ka
wewengkon Banjar).
Mangsa
na lumampah, kula ngebrehkeun ka balarea. Satutas kajadian anu nimbulkeun rasa
hemeng dina pikiran, nu nyangkaruk dina batin, nu hese disingkahkeun, ngemu
kapanasaran, jauh tina sawangan tapi nyatana kitu.
Bubat
geus ngaguratkeun na jiwa nurih hate kula sangkan neuleuman tina ieu kajadian,
murugulna kahayang nu teu sapagodos jeung Ki Lanceuk di Galuh nu teu satuju
leumpang milampah pikeun indit ka Majapait, nemonan pangulem Ingkang Rai nu
nelah Hayam Wuruk. Kula karek eunggeuh ngarumpak kapamalian awewe nemonan
lalaki, Ahirna kula lumampah, leumpang muru ka beh kidul sangkan anjog ka laut
kidul seja muru ka hiji wewengkon, nya Cijulang anu dituju leumpang
ngembat kungsi eureun di Jati Tujuh
ngarereb di hiji guha bari neda-neda ka nu Agung, Si Nyai Dyah Pitaloka neneda sangkan salamet
tepi ka nu dituju wates Galuh nu cirina cai ngocor lir tina tikoro ( torowongan
alam nu aya di walungan Cijolang nu kiwari jadi wates antara wewengkon Jawa
Barat jeung Jawa Tengah). “Anaking Ama lain tega teu babarengan dina lunta, Ama
yakin jeung boga kayakinan, hidep bakal tepi ka nu diseja”.
Kula,
ahirna tepi ka nu dijugjug nya ka Cijulang tea, di Cijulang tumetep teu mulang
ka Kawali, bari kalan-kalan dina sajeroning ngalalakon, sok rajeun Kula
leumpang ka sejen wewengkon.
(
ku nimasgaluh )
Tidak ada komentar:
Posting Komentar