Rabu, 27 Juni 2012


RUMPAKA  PASUNDAN  

              

DANGDING   HARIRING  LAWAS
(by nimasgaluh, September 2011)


Diamparan keusik disimbutan halimun
Na leunjeuran waregu ngababatang
Bentang kukus jadi saksi nyaangan pikeun jadi sajarah
Pakakas haur koneng ajeg nanceb gedengeunnana
Mumunggang pasir merenah mere isarah
Sirna raga cadu sirna rasa kahuripan
Sumur  panca warna                                                                    
Sedong sanghiang cipta permana girangeun karang kamulyan
Pertanda na warisna jalan muru hakna ti Yang Izzati
Bakal muka lawang sagala lawang
Dibarengan angin mawa wawangian
Galuh jeung galih lir gula jeung peueutna
Tilu, lima, tujuh tur salapan dulur jeung rahayat katut ponggawana
Museur na lengkob Bojong salawe  tonggoheun leuwi sipatahunan
Neundeun kaheman pikeun urang Galuh
Guareun hate
Guareun rasa
Guareun , siareun sakur nu rek tandang

                        

NAPAK TILAS
(by nimasgaluh, Desember 2011)                   

Dalem Dungkut teu weleh imut
Lukut hejo  ngampar satungtung deuleu
Cigajah   someah ngagiring hate nu jejem
Imah leutik paranti mujasmedi ngadeukeutan Yang Widi
Winduraja nepungkeun dulur baraya
Ngawincik rundayan Kawali Mukti
Pohaci ngajadikeun bibit buit Sekar Tanjung
Seungit geuning…
Galuh ti wetan ka kulonkeun
Kalan ka kaler
Tepung na hiji tangtungan nu ngaran kaSumedangan
Reungeukeun ku arandika
Ti gunung Padang
Ngembat nonggoh ka Wadokeun                                              
Tumamprak
Eyang Jayaperkasa
Seja ngaraneh jeung mintonkeun sekeseler Siliwangi  
                                   


KARUHUN TUNGGUL RAHAYU
 (by nimasgaluh, 2008)                                   

Sering ingkang raka ngajaheutkeun manah
Kaheneg mumbul ngaluhuran wuwung
Ka handap ngaliang tepi ka neumbag cadas turi
Kalan ngalampar, ngoyagkeun emutan
Kanjut kundang lir nu pejet                      
Sahambalan maju sahambalan
Nu nuyun anteng nyuprih leuwi Kang Ingkang Goparana
Tong nembongkeun tumamprakna dampal panangan
Ngawur-ngawur kaCikundulan
Napak tilas dalem papak ngajejer alam kajinan
Eulis…jalan masih panjang, salira mustika nu nganteur
Na patok alif sapta punduh Raja di Tatar Galuh                                
Tasbe ramo tingarutek sabukuna nganteur dikir
Dijajap seuseungitan, Salira sumping ka payuneun            
Dibarung imut luk tungkul seja nyalaman
Di Ciremey ngariung sandika muru pahing
Aya wangsit ngabelesat ngucap amiiin………..
Teu lila sajorelat bentang ngariung                                                
Angin ngadalingding jajap salira mayunan Ingkang Raka
Ah…na teu karaos salira nyandingan caroge?
Mangka susut cipanon……..Raden Ayu !
Talaga Cikundul maseuhan salira
Ngagulung terah menak karadenan
Sawer pangjajap waktos lungsur
Pukah tina sila panghias ibun
Dialokan sora manuk uluk salam
Nguniang leumpang muru patalimarga
Salira nyarengan na rincid Sumedangan
Paroman nyandak sipat Cianjuran
Pasampeur Galuh Pakuan gandang lumaku
Angin tutumpakanana, seah sabalad-balad
Nyaraksekni na tembang ladrang ngajurung mungkur
Sangkan bisa ngaheuyeuk dayeuh dina panca ciciren buana
Sakedapan salira ngaleng kakasih
Ana emut geuning aya di lengkob muru pancuran
Seja sumerah ka Yang Agung
                                                   

LUGAY
(by nimasgaluh, 2009)


Lumungsur gerentes hate
Panimang pamanggul rasa sumarambah
Renghap nu pinuh ku harepan muka jalan
Lumampah nyampeur dangiang galeuh pakuan 


Na tutugan gunung Marapi pinuh kasurtian
Ciibun lantis ngamandian
Cireumis nyasarapan kamulyaan
Lengser tina medal sila moro jugjugeun


Mawa kahidmatan anteng na sumerah ka MantenNa
Handapeun tangkal kopo
Pancuran tilu tina haur koneng caina nyurug
Batu lemprah nandean
Nimbulkeun sora masieup alam
Diiuhan harieumna kaso jeung ramukasang
Lukut ngampar ngahiap sumujud ka Yang Agung



KANGGO NU NYUKCRUK RUNDAYAN
(by nimasgaluh, 2011)


Sapunggelan  waktu mangsa urang hudang sare
Mingkin tambah tur ngalegaan
Waktu tunggul rahayu mangsa muara tangkal darajat
Bentang wuluku nganteur sarangenge atra masih rarehe
Robah ki Sunda cicirenna sirnana supa ngilang ti buana
Na bakal balik deui?
Pananya nguwak-ngawik rasa sajati terah Galuh Pakuan
Puseur kaSundaan
Mangka raksa mangka jaga pake hate
Sangkan Kawali nyakseni
Saksina Astanagede
Ajeg nagari geus deukeut
Nu makalangan Ki Sunda
Dayeuh muru karahayuan


Na Nete
(ku nimasgaluh, 2012)



Milang naktu muru sahambalan

Ngajegkeun nu ilang

Mere iber di lengkob pancaniti

Guareun rundayan nu nyaah kana panaratas bihari

Mukana lawang lalangse nincak dina uga

Nu lantis kalantipan wening ati

Diperedih lakuning tirakat

Nyieuhkeun kahayang nu sagolewang daun pare

Tali paranti salawasna migusti ka Dzat IZZATI  nu maha Mulya nyatana Alloh Swt.

Aya dina pituduh   Al Qur’an tur anu geus dijalurkeun dina sunahna Rosul

Sangkan tapis mesek nagari ajangkeuneun balarea

Nu nganti kawarasan

Waluya reujeung rahayu
 
Ulah cidra nepak dada ieu aing



 
          NU SUMPING DINA WALERAN

 


Asih rahayu geura tuyun ka mana bae salira ngalengkah
Na mangsa beurang jeung peuting mo pakia-kia
Teu, teu  gundam Eulis, da rasa nyaksrak saungkeb raga
Soca pinuh ku cahaya rahayu nyawer deudeuh
Nu moal aya laasna
Sacangreud jeung na cangreud basa ngucap salira teh
Pupuja hate tepi ka ngajengjehe raga
Eulis geuning bulan mamayang urang duaan
Na seuseungitan tresna nu nyacas
Eulis Darmaraja saraga sajiwa neuleuman emban pujaning rasa
 
(nimasgaluh, Maret 2013)


 







                                                                                   

Tidak ada komentar:

Posting Komentar