Rabu, 11 Juli 2012


KINASIH  PITALOKA


Seja ngalanglang ngarunday na tepang sasih

Nyubadanan sarwa keteg asih meulit ka tatar Galuh

Nyawang kalangenan alam kaputren

Nu pinuh ku liuh asuhan rama sinareng ambu



Ratu sawer rahayu nu disungsi sangkan jadi jatidiri

Pinuh ku kaluhungan soca kadaton

Rumampa ngusapan dada pikeun sumujud kana pituah sepuh

Ulah ngejat tina kinasih usap deudeuh ti rahayat sakabeh

Malah mandar hirup rumujung ka Yang Agung



Nyanghunjar mapay paneuteup

Eunteup neuteup seureuh

Neangan terah pikeun ngajadikeun surti na hirup ngalalana di alam

Ngaca na kuku dua indung suku

Ngingetan ka mana lengkah nu geus disorang

Rumanggah hate nu bungah

Sugan teh rek mawa kanugrahaan

Ibarat gambaran na lukisan jembar mawa karahayuan



Seja andung pangangkir ka salira raja diraja di palih wetan

Ana anjog kana hiji patempatan kawas kembang nu ditekrok

Nyeuitan lir diturih ku hinis, peurih kana jatining diri, gudawang kana rasa nu rongkah

Tepung gelut galungan ngabela ajen diri teu sudi dilicikkan



Na renghap bari emok andeprok

Nu dipalar ngaleungitkeun kapait

Kajadian di Majapait sangkan ulah kaalaman

Ku sing saha bae miharep balarea meunang kabagjaan

                                                        (ku nimasgaluh, dina NYIAR LUMAR Astana Gede
                                                          Kawali Galuh, 7 Juli 2012)
                                                        

Tidak ada komentar:

Posting Komentar