Rabu, 18 Juli 2012

GENDING SAWER RUMPAKA




 NA TEPIS WIRING
 (ku nimasgaluh, 2011)

Di ditu di nu pangjerona
Aya nu seseleket nyalingker
Da puguh katideresa
Nyeueung lalakon hamo nepi
Di buana tatar raga kawarti
Katunda mangsa pamager kahayang
Galecok teu eureun ngoetan hate
Nyanding hariring lagu kaleon ka sorenakeun
Meuntas kalangkang ingetan
Wacis temen nu aheng mepehek diri
Nyasaak galura rasa kamanusaan
Katalimbeng tumamprak bongan tamaha 

                           
KATAMBIAS KALANGKANG
(ku nimasgaluh, 2011)

Calik sisi empang teu karaos ngumbar lamunan
Ngajomantara tepang sabengbatan
Teu kebat galecok nyandet carita
Samar polah dina galura karumasaan
Sumarambah dina wayah nu teu kadongkang
Hariring asih meureut na lengkob rasa nu nyebitan
Mere warna galur rundayan nu teu laas ku lajuning mangsa
Nyukang sumirat kuwung-kuwungan
Mumbul ngajaul …
Hate tumanya nganaha-naha
Geuning bet kamalinaan ….

Gending asih nyuaykeun  ibun ka janarikeun
Mere tangara pikeun lalakon
Geuning nembe tepang sanaos sakolepatan
Nyentug jajantung nu pamohalan
Mindingan tali paranti nu enggeuh dina papagon
Sugan bisa kateang ... 

Tembong saliwat nganteur pangiwat rasa
Emutan ngacacang meuraykeun kaheneg
Bongan sulaya ku naon teu mere iber
Ngahariring lagu dengkleung can rengse
Dipapag tembang jemplang karang muka carita
Carita baheula kapidangdung ku nu pundung
Sugan aya pitapak pikeun nete nu teu semplek
Teangeun  pasampeur na lawang saketeng

Runtuyan waktu ngagurat natrat
Galur rundayan nu teu laas ku lajuna jaman
Mere iber hariring gending  
Sanajan ukur kalangkang heulang
Awor na  aweuhan kahemeng nu silih betot
Pasampeur naratas jalan muka lawang saketeng
Hamo kadongkang mayuskeun kalaipan
Nyamuni sugan aya pupurieun
Diri sumerah ka dzat Izzati
                    
Bari samar-samar gening keukeuh
Nerejel mawa kahayang
Nyungsi rasa nu sumarambah
Na tutugan ketug jantung
Meulit nyebitan pangrobeda
Tumanya ka saban mabhab sakuliah raga
Sugan aya nu ngeceskeun dina jangji nu bihari
Atawa ngan saukur patamorgana sabengbatan

Nahnay muru kalangkang ati ngajangjawing peunggas harepan
Kapunggel rambat kamale tanwande haat ka pangaji
Da puguh patamorgana mere warna pupulasan rasa
Geuning saukur mangpring dina saliliran ngimpi ka janarikeun
Lain…lain harianeun ngan talobeh
Mepende kahengkeran diri
Horeng pamor kamonesan dunya
(ku
NYOREANG
(ku nimasgaluh)

Harita teu karaos soca melong
Sugan aya pupurieun nu bisa kateang
Dina dasar nu pangjerona aya kamelang
Ngan teu kebat da lajuna nyarayuda
Nyarayuda ka wayahna
Lain, lain eta … nu jadi anggeuhan
Anggeuhan nu mawa sungkawa
Mapay na jeroeun rasa nganaha-naha ?

Ka lengkob neundeun kaheman
Pucuk deudeuh disaweuy halimun
ngeclak cai ibun maseuhan puseur rasa
Cibarani nalikeun asih nyanding karahayuan
Na sengked  jalan satapak netek ka mumunggang
Soca melong ka nu dipiasih aya karisi
Boa tali panyangreud ngendoran ?





LAMUNAN
(ku nimasgaluh, 2007)

Na lebet lamunan bodas teh horeng,
salju sareng soca salira,
getih naek napas ngahegak jantung geuneuk hate poek.
 
Na lamunan atra bodas batas paeh jeung hirup,
dipayungan Malaikat maut,
kuring tumanya ka alam oge ka nu ngeusian alam,
kudu ka saha percaya jeung saha nu mercaya?
 
Na lamunan waktu angin ngajak lilir,
horeng kula bugang nu taya hargaan.
 
na lamunan kula ngababatang euweuh nu mirosea,
Alloh nu dipercaya jeung Alloh nu percaya.
 
Na lamunan alam ngajak pileuleuyan,
kula pasrah pindah ka alam poek pepetengan,
jero pager na padung ngidung.

 

KAHENEG
(ku nimasgaluh, 2007)
 
Waktos panon mencrong noong alam
Nu bakal disaba jeung kasaba
Hate tumanya aya pepedut nu ngalimpudan
Naha bakal kasorang jeung disorang?
Jumerit antara dua rohangan nu silih betot
Cacak jaman Siliwangi mending tilem
Nyampurnakeun jasad jeung sukma
Na handapeun tangkal picung
Lambang getih sasiwur jeung tulang weweg hideung
Pikeun meuntas na cireumis
Nyukang sumirat cahaya ka sorenakeun
Mukana lawang jeung nutupna lawang










                    
                                        

Tidak ada komentar:

Posting Komentar