Sabtu, 14 Juli 2012


TINA KAHIRUPAN

LALANGSE
(ku nimasgaluh)
 
Pajar waktu  mere omber,
ngaguar neangan jalan,
lumangsung sapoe jeput,
pikeun nembongkeun kareueus,
ka nu karek nembongan,
ilahar kaagul datang,
datang  na tangkeupan,
atuh,  angin eureun teu laju,
kapegung  ku  kabingung,
kacandet …
ampeg  kaheneg  ngulibek  jero  dada,
kolesed  kahempikan  ku sawangan
 

PANSUS
(ku nimasgaluh, 2011)
 
Turun tina hasil gunem catur,
jadi bewara nu kacapangan,
sanajan samar-samar jadi caang ngempray,
meunang ngaguliksek disiaran,
wakil rakyat tigin moro bebeneran,
sangkan  mawa  hasil  nu  nyugemakeun,
tilu babak buka layar,
pating gorohel nu ngarempag aturan,
dikandangan,
sugan sadar atawa tambah buringas ?
manusa, manusa ngarengkak boga akal.

NGARAKAL
(ku nimasgaluh, Desember 2011)
 
Hujan hujanna  mah, na aya ku bayeungyang,
angin ngahaliwir  kesang ngucur,
suku disanghunjarkeun angger teu genah,
ngarenghap napas jero,
gening bodo kasima ku nu ngarakal,
nyalindung kana papagon, cenah...
tempo hasilna tuh reugeujeug,sugan,
nu baroga pamangkas ngabalieur,
teu inget sumpah jabatan,
leueur palid na jalantah,
kaheneg ditalikung sihung papayung.
 

GEURA
(ku nimasgaluh, November 2011)
 
Sora murudul turun  patali marga,
wiwitan nyiwit pupuhu,
seah, lumungsur ti kaprabonan,
saha nu bisa ngajagaan?
mahal, teuing beungeut badakeun,
na jeroeun tasma mata simeuteun,
bisa keneh seuri.
 

SIKI NANGKA
(ku nimasgaluh,Mei 2009)
 
Nagari ngageuri
Geuning bet kamalinaan
Urang ulin ka mumunggang paul
Teu katingali ka mana nya mulang?
Pating cakakak nu galumbira
Nyugemakeun lampah masagi na kadali emosi
Naha teu inget yen poe isuk aya keneh nu ngarengkenek
Makihikeun siki nangka sasiki? 
                                                         

NAPAKURAN DIRI
(ku nimasgaluh, Februari 2010)
 
Basa raga dikurung kesang nu luut-leet,
Getih karasa naek minuhan raga,
Paroman beureum,
Nyurungkuy nyaksrak muringkak luareun kulit,
Napas kerep rumenghap,
Nguliat kulapes ngarumpuyuk,
Geuning teu daya  teu upaya              



LEMBUR SINGKUR
(ku nimasgaluh, Februari 2010)
Warna koneng ngaplak ngampar
Kolecer katebak angin ngawirahma, sorana ngagalindeng
Tingarendag tali nu butbet di pasawahan
Keprak keprak kokoprak ngeprakan
Burudul bondol haliber
Diseungseurikeun bebegig, dudukuy toklok
Rarakaan nu warna koneng dihias endog jeung sabrang
Haseup ngelun muput nyamu jeung menyan
Teu lila etem ngarigel surti mipit sri pohaci nu gareulis
Oeeeeeeeeeeeeee  oeeeeeeeeeeeeeeeeeeeeeee
Sora tarompet jarami lir ngomando
Sangkan gawe tereh kempol 

KALANGENAN
(ku nimasgaluh, April 2008)

Mangsa hujan baheula mah dipapag,
Ku parentulna supa, supa kotok, supa bulan,
Supa rampak, kalan-kalan supa kidang,
Aya deui supa suung geus lir supa pare mah,
Matak resep mapay-mapay pakebonan,
Mulang-mulang wanci asar bari rebo ku tiiran supa
                     Baranang bentang dipasieup cahaya bulan              
                     Barudak ear-earan samulangna ti tajug
                     Kolotna nyerangkeun tina golodog
                     Nempo barudak arulin
                     Aya nu babadean, uucingan, ucing kalangkang, jeung gobag
                     Mun cape  ngariung ngadalahar suuk, seupan hui, ganyong,
                     Sampeu boh taleus, nginumna didorong ku bajigur
                     Waas nya? 

NYAWANG  
                                                                                     
Pameunteu neuleuman na jero hate
Awor rasa tresna nu teu weleh geugeut
Hambalan tincakeun ngemu kasono
Na kiceup neuteup paamprok  asih
Aya kahariwang?
Pependeman kaheman ka salira mo aya
Nu bisa ngaludang
Reueus  kacinta kula
Anjeun lir cai ngeclak nu nyiram kahirupan
Hurip jeung hirupna kanyaah ti salira
Tanda saayunan
Ngulibek mageuhan tali kadeudeuh
Ngarangkep sahurunan
Kula salawasna na hate anjeun       


MANGSA PASINI
 
Sareretan na juru soca aya nu neumbag kana dada
Kakuping renghap napas ngayunkeun ka alam baheula
Teu karaos panangan ngusap mastaka
Nyacapkeun katresna, cipanon ngembeng nyebor kaasih

KAHEMAN
 
Runtuyan kembang anggrek warna bungur
Nganteur kasmaran ka salira
Oyag katebak angin peuting
Lir lambe imut ngagelenyu
Bentang masieup, mega tingarudat
Paheut maheut layeut na amparan geugeut
                    (ku nimasgaluh, Januari 2010)                                




Tidak ada komentar:

Posting Komentar