Rabu, 05 September 2012


BADODON AKI BALANGANTRANG

 

Kacaritakeun di hiji tempat, harita teh wanci janari leutik, nini Balangantrang lilir tina sarena lantaran kagareuwahkeun  ku kongkorongokna hayam jago di paranje nu aya di tukangeun imahna. Si nini bari gigisik panon,  ngagerendeng “Aduh aduuuh na ngimpi teh teuing ku aheng, mana Si aki sare keneh”, bari terus ngagudagkeun si aki,  pokna : “ Yeuh Aki geura nyaring atuh  nini boga carita, aki-aki kolot ku maneh teh mani kebluk-kebluk teuing sare!” Si Nini bari terus kukulutus. Antukna Aki Balangantrang milu hudang oge, da si Nini ngan kutuk gendeng bae. “ Aya naon atuh Nini,  mani tara ti sasari hudang teh poek keneh? Pan biasana gen sok kerek keneh wayah kiwari teh!” Aki Balangantrang ngomong ka si nini. Si nini keom pedah si Aki ngomongna bari kumetap terus ngajawab : “ Yeuh Aki, Nini teh ngimpi ngajul bentang, eta bentang teh ragrag kana lahunan Nini!” Si Nini nyaritana mani hariweusweus. “Euleuh-euleuh atuh eta mah rek meunang rejeki, Nini!” Si Aki rikat nempas caritaan Si Nini, tuluy neruskeun omonganana : “ Boa-boa badodon Aki pinuh ku lauk, pan Aki teh naheun di walungan, bakal dahar ni’mat atuh urang teh, Nini!”  Atuh Nini Balangantrang  ngarasa bungah ngadenge caritaan si Aki, lantaran poe eta rek meunang lauk loba,

Bral eta Nini jeung Aki Balangantrang teh arindit ka beh kidul kundang obor baralak, maksudna rek neang badodon tea. Barang anjog ka sisi walungan, breh katingali di tengah walungan aya nu nyelak herang, katojo cahaya bulan purnama ka janarikeun.

“ Nini, euleuh itu aya nu herang naon nya?” Si aki nyaritana rada tarik. Atuh si nini teh ngarenjag bari nempo  walungan nuturkeun panunjuk si aki.

Si Nini rada ngahuleng bari mencrong “heueuh Aki naonnya?” Si Nini kalahka malik nanya.

“ Dasar Nini peot ditanya kalahka malik nanya, atuh mun kami apal mah moal ge nanya ka nyaneh” Aki Balangantrang nembalan bari ngagerendeng. “ Halik Nini urang turunan bari sakalian nyait badodon” Si Aki singkil nyinglidkeun calana pangsina,terus turun ka walungan mapay sengked nu maranti.

Aki Balangantrang ngajentul ngajarumeneng naon nu aya di hareupeun teh, hiji kandaga nu dipahat warna emas.  Nempo kana ieu kandaga lain jalma jore-jore nu mibogana, dalah uing urang kampung bau  lisung tapi uing teu bodo-bodo teuing pasti barang ieu, barang nu menak.Ah rek dibawa bae, dihanjaatkeun ka darat bari ditempokeun ka si nini, barang teh nu batur sanajan heueuh ayana di walungan kapalidkeun, uing lain hakna. Tapi ketang…” teu kebat si aki galecok na pikirannana kapegat ku si nini ngageroan “ Aki barang naon eta teh? Barina ge geuwat bawa ka dieu uing hayang nyaho naon eusina eta barang!”  

“ Heueuh ke dagoan, uing rek nyait badodon  heula “ Si Aki nembalan, bari ngaleos ka hilirkeun kira lima lengkah ti tempat kandaga nyangsang, kandaga di gandong make sarung. Aki Balangantrang hanjat muru ka Si Nini nu geus teu sabar ngadagoan salakina, teu geura hayang nyaho naon eta eusi kandaga teh. Si Aki kuat ngarahuh, napasna ngahegak dadana turun naek, kolesed badodon digolerkeun terus kandaga tina aisanana dilaan lalaunan kalayan diteundeun hareupeun Si Nini.

“ Aki geuwat buka, uing hayang nyaho naon atuh eusi kandaga teh! “  Nini Balangantrang geus teu sabar nitah muka.

“ Heueuh ke heula Nini, mending dibuka di imah bae ngarah nyalse “Aki Balangantrang nembalan, bari ragamang kana kandaga rek diais deui.

Si Nini rikat narik kandaga, atuh antukna Aki Balangantrang jeung Si Nini pabetot-betot “ halik aki-aki peot bisi ruksak deuleu, jabana ge na mani kudu di imah dibukana? Kabeurat-beurat dibabawa ka imah mah, ari heug eusina ngan bugang ucing!” Si Nini ngomongna bari manyun.

Aki Balangantrang ngelehan “ Nya seug atuh di dieu dibukana nini cerewed …! “  

Aki jeung Nini Balangantrang pahareup-hareup nyanghareupan kandaga, lalaunan kandaga  dibuka, barang bray kandaga muka, Si Aki jeung Si Nini bareng nempona atuh jeduk paadu tarangna “ deulu siah Nini! Tarang uing boa benjol…” Aki Balangantrang jeung nini Balangantrang nyarekelan tarangna sewang-sewangan. “  Nini nya ku nyaneh bae tempona” Si Aki nitah nempo ka Si Nini, bari kusiwel  ngaluarkeun bako jeung daun kawungna.

Terus nu aya dina eta kandaga teh ku Si Nini ditempo,  Nini Balangantrang mata simeuteun bari pacampur reuwas, atuh Si Aki nanya : “ Aya naon Nini mani pias kitu siga neuleu bujur nu ngarewig bae? “ Si Nini bari amunyun pok nyarita : “ Yeuh aki-aki kolot ku nyaneh  ulah sisiwo bae, tah tingali, geuning orok nu aya dina kandaga teh bari digendeng ku endog dua! “ Si aki terus nyampeurkeun ngadeukeutan kandaga tea, ayeuna mah Si Aki nu ngajenghok teh bari nyarita rada tarik : “ Euleuh-euleuh nini, heueuh geuning orok nya ! Orok lalaki deuih! Saha atuh nu tega miceun ieu budak.! “ Geus ulah haliwu Aki, meureun ieu hartina Nini ngimpi ngajul bentang teh ! Kabeneran pan urang teh  teu boga budak, urang kukut be!” Si Nini nermpas omongan Si Aki.

Orok teh ku  Nini Balangantrang diais tuluy mulang, diiringkeun ku Aki Balanhgantrang bari mawa kandaga nu di jerona masih keneh aya barang bekel orok, nya eta endog hayam dua siki, ceuk dina pikirna sewang-sewangan :“ Keun bae teu meunang lauk ge, da meunang budak.”

Orok teh ku Nini jeung Aki Balangantrang dirorok tur  diaku anak. Dina hiji waktu anu tangtu kalayan dina wanci anu mustari, eta murangkalih jeneng raja di Galuh.
                                                         Tina peperenian carita karuhun
                                                         Diropea ku nimasgaluh
                                                        Jatinagara, 2010

                                                                                                                                    

Tidak ada komentar:

Posting Komentar