Rabu, 19 September 2012

RUMPAKA DYAH PITALOKA

             Medar lalakon bahe maweh carita
Carita dapon carita                                                      
            Nyolengkrah teu puguh salangsurup
Komo keuna kana enasna
Digunasika dina reka kawas perceka
Nu aya kalah hapa
Hanjelu ku siki hanjeli gening kahalodoan
 

                     Miang seja mapag kabagjaan
 Nalikeun wiwitan rundayan
 Nyiwit carita lawas nu gugon papagon
 Lain mungpang tapi nemonan pangajen nu mawa harepan
 Neundeun catur balarea yen bihari kungsi ngedalkeun kaheman
 Katalikung pasang subaya mikung dina papayung nu suwung
 Sajatina purbastisi purbajati
 Ngajegkeun nagari aya na harga diri enggoning nanjeur di buana
 

                      Geus kajudi carita lalakon nu kamari
              Kiwari moal sajalantrahna nu nepi ka sekeseler
              Da puguh eces saha  nu nyakrawati
              Geura guar tutungkusan
              Kacingcirihi diri nu nyangkaruk
              Lilana Saumur dumelah
              Nyingray mapag ciciren
              Muru dayeuh anyar mangsa tarate mangkak
 

                   Kaheman salira kasaput sutra jingga
Ngagedurkeun ambisi nu sumarambah
Teu kaampeuh nyedek neuleumkeun asih nu melentis
Bawaning ngajadi moal suda kapegat salaksa nyawa
Handeuleum muguran lain wayah
Jadi saksi nu ngabigeu
Ngantay carita teu eureun cumalimba dina catur balarea

 
                      Leunjeuran asih nu wening ngagurat natrat
 Najan dipindingan salaksa reka perdaya
              Teu galideur anggeur tigin nyiliwuri
 Mawa tangara komara karahayuan
 Sampeureun rundayan nu nyata sakaruhun
 

                  Salira ngajanteng ngawaskeun nu calik sisi empang
             Angin ngadalingding nyandak harewos tresna
             Tepang munggaran  pinuh harepan
             Pikeun  nyanding kakasih
             Ngolepat mancawura diteureuy pepedut
 

                   Dina simpangan kaheman
   Anjeun linggih nyandet pasini
   Nu teu kasorang di buana tatar raga  kawarti
   Seja nalikeun jalur rundayan nu pegat kasapih lajuning mangsa
   Muga  aya nu neruskeun pikeun tandang
   Dangiang Galuh  ngahiap nganti padungdung
 

                  Lulurung kalbu nyangreud pasini
 Patimu mangsa  anyar pinanggih
 Sirung asih kasapih cidra nu nyiliwuri
 Ngendagkeun nagari pasiuh dina carita
 Nu direka malar cumpon udagan kahayang
 Nangtungkeun diri dina kamagungan
 Nincak harupat pikeun neundeun kahadean
 Sulaya jeung kanyataan
Teu enggeuh  jaga bakal ditagih
 Nu nyucruk enasna lalakon
 Sanajan dipindingan kadali papayung ugeran da puguh semu
 Bedah neangan tatapakan nu kungsi kabunikeun
 Eces narembongan ngagelar nu jadi hakna
 

                    Katalimbeng aweuhan galura karumasaan
Ngabedah rasa nu campuh
Malipid mawa sungkawa nu ngageuri
Nyaliksik diri ngawisat raga
Nu ngan saukur rokrak
Na dadampar alam
Seja pasrah ka Yang Agung
 

                     Mangsa nu kasorang nganteur pangalaman
  Ngagalur parentul
  Sanaos seueur nu samar-samar
  Tingarudat ngagenyas katojo cahaya kahuripan
  Moal suda ngantay carita nu teu weleh
  Ngahiap panggupay tineung
  Najan paanggang ngalangkang na emutan
  Nyangkaruk dina tresna nyampay kaheman
  Mangloh  raratan nu kabunikeun jaman
  Lantaran ngancik ku pangreremo reka perdaya
                Ngaleungitkeun kaweningan ati tur kalantipan pikir


                Na ringkel kolbu
                Sajatining  rasa nu mo ngabias
                Ajeg ka ILLahiah turta pinuh ku Nur alannuri Husirulloh
                Mangka pijauheun larsup rupa-rupa nu teu dipiharep
                Bashiroh wening pinuh ku Zat ILLAHI
                Jeung tangtu waris tur hak nyangkaruk  minuhan acining hirup jeung huripna
                                                                       (ku nimasgaluh) 
               
                                                                                                               


 
 

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar