Senin, 11 Maret 2013

TINA  KOTRETAN


Peuting kamari urang gogonjakan teh

Peuting kamari urang guntreng ngotretkeun heman jeung deudeuh

Peuting kamari bentang ngagarenclang luhureun urang

Bari rintih ngageberan ku hariring asih jemplang karang

Mangsa nyacapkeun katresna na reret nu neumbag kana dada

Awor rasa  nyangkaruk ka sakuliah raga

Tapi peuting ieu nu aya ngan ukur gundam kuring

 

Jeung antara lolongkrang panyawang

Aya nu teleb nanceb na kalbu

Sumarambah na rasa mapay raratan mangsa baheula

Na tepung munggaran …

Geuning Anjeun ngaharewos ku sora ermawar

Mawa dalingding asih ka awun-awun

Teu aya deui cenah malati kuring

Nu bakal ngahibaran  hate kahirupan

Anjeun geus ngotretkeun nu moal bisa dipupus tur kapupus

Ngan sakolepat impenan teh
 

(nimasgaluh, maret 2013)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar