Selasa, 12 Maret 2013

NU MIPIT ASIH


Teu kajudi teu kajeueung ti anggalna

Geuning bet aya tangkal saliara

Deudeuh teuing kembang malati katandasa

Sugan aya pupurieunana

Rek dirumat didama-dama

Keur mapag, ngudag harepan nu katunda

 

Waktos harita di Tangkuban Parahu

Ngagalindeng muka carita dipirig kacapi asih

Aya kamelang dina harewos

Malati  ti Jaladri papaes taman katresna lir nu ngungun

Nyebit ati …

Sakedapan aya nu ngarongheap

Ngendagkeun runtuyan kembang

Kembang malati nu mangkak asih salira

 

Naha ?

Naha geuning kembang malati di mumunggang teh aya nu metik?

Teu kapaluruh saha nu ngiwat

Nalengteng sugan nyangsang na gawir kameumeut

Mangsa tepang wiwitan di pancaniti

Geuning Anjeun enggal wakca, sanaos dina teuteupan

Naha Anjeun teh Guru Minda tea?

Kiwari kantun hanjelu

Kembang ti salira aya nu ngiwat

( ku nimasgaluh, Maret 2013 )

Tidak ada komentar:

Posting Komentar