Senin, 18 Maret 2013


NU NYESA NA TATAPAKAN

 

Mimiti ngabaladah lahan eurih jeung musa

Na tresna janggelek taman kameumeut

Tali paranti ngungkab rasa nalikeun asih

Tina impian nu ngajegir pikeun naratas kabagjaan

Sagalana geus ditamplokkeun tepi ka langit pingpitu

Teuing, teuing ti mana jolna …

Angin dordar gelap …

Muriding .. pakupis nahan kateuhak

Hate ngalenyap nyasaran pitapak bisi aya nu kalangsu

Jeroning ati kumalayang neangan panyangkeh

 

Caah cilantang mengparkeun nu karurud

Renghap nu nyesa

Rumanggieung na iuh-iuh daun nu ngari

Ngabigeu nepak jiwa

Mareuman heab ku handaruan sima

Hate galecok neangan parepeh

Sugan kadongkang na ati nu kajangjawing

Sangeus reureuh tina dengkleungna tembang kaleon

(ku nimasgaluh, Maret 2013)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar